Insya Allah di milis ieu mah moal dugi ka kitu lah Kang Dudi. Pikiran teh jadi hiber ti budak angon ka:
1. Jalma nu nyaho ka dirina sorangan eta jalma nu nampa pencerahan (Daodejing - Lauzi)
2. Jalma nu nyaho Gusti Alloh keur jalma anu nyaho ka dirina sorangan (Tasauf)
 
Duka tah jejerna kumaha sareng aya tiasa henteu ditumbukeun.
 
baktos
tirta
 
~ wilujeng boboran siam~


----- Original Message ----
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, September 27, 2008 14:04:51
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea



Hapunten Kang Tirta, sanes teu hoyong nyundakeun eta artikel mung bilih aya anu terang yen eta teh 'ajaran Zen' akibatna tiasa salah sangki ka siuing, pajarkeun teh teh nuju nyebarkeun agama anyar "Zen" tea anu keur rada rame di belah kaler. Kukituna ku siuing disebutkeun sumberna, ieu mah keur anu hoyong terang bae yen konsep budak angon teh lain ngan saukur saukur pencapaian karuhun urang wungkul tapi di cina oge aya nyaeta Zen abad ka 12 masehi, sareng aya deui anu langkun ditu ti ngawitan jaman masehi. Netelakeun yen budak angon teh sanes pigur batur tapi urang sorangan, pibasaeun anu pas "jadilah budak angon" lamun dibasakeun "teangan budak angon" jadi aya anu neangan jalma lian....
 
wassalam
dudi_ss

----- Original Message -----
Sent: Sunday, September 28, 2008 3:06 AM
Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea

Nuhun kang Dudi....teuas ngahartoskeunana keur abdi mah yeuh...duka pami dibasasundakeun. Key point na mah pencerahan ngan keur jalma nu nyaho ka dirina sorangan. Lepat?

salam
tirta


Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.

Kirim email ke