Kang Eminx oge baraya sadaya, 

Kapungkur abdi kenging Wangsit Siliwangi (WS) ti Abah Oman, narima tanpa syarat 
malah hayoh digulanggaper siang wengi, tataros nyosok jero ka Abah Oman duka 
sabaraha taun mulak malik eta wangsit, tiap aya gunung bitu, bom, gempa jeung 
sagala kajadian alam sok diitung-itung disaruankeun jeung WS, pasti sami pan? 
Beuki lila enyay - enyay tetempoan teh beuki jelas... aya anu langkung penting 
ti batan ngudag-ngudag kalangkang. Ayena urang kudu tatan-tatan mapag jaman anu 
kasangharepan ku urang. 

Balik deui ka WS, jelas gaduh daya pikat anu pikabitaen keur urang sunda 
khususna ditambah ku legenda anu hirup di masyarakat urang, wangsit atawa uga 
teu aya titimasngsa iraha atawa jaman mana kondisi anu digambarkeun tea baris 
muncul, jaman ayeuna, 50taun kaharep, 100taun kaharep malah boa-boa geus 
kaliwat. Lamun dina enyana ge kajadian di jaman ayeuna, anger urang ulah ngan 
saukur jadi penonton.... aya urang kudu tatan-tatan, ngasah bedog... boa-boa 
moal ka umuran kajadian anu di wangsit teh, hanas mah didadago, nepi ka 
mopohokeun anu sejen.. he... he.. he... sanes kitu Kang?

Ayeuna mah abdi, maca wangsitna tos henteu leterleg... global wae... seueur anu 
kedah dikritisi sadaya wangsit atanapi uga, teu mung WS wungkul.. ramalan 
sumpingna Mesiah, Al Mahdi, Satria Piningit, jrrd,  hal ieu masihan harepan 
tapi... (titik-titik), atawa baris munculna pigur-pigur saurang jalmi 
(pahlawan) nalika aya kajadian kondisi anu tos teu balance (teu saimbang), 
masyarakat geus teu kuat nahan diri tina hiji situasi tertekan pasti bakal 
barontak, upamana durjana tos mahabu, kabatilan dimana-mana, korupsi tos janten 
budaya, dina kondisi chaos, ieu mah pan suatu situasi sareng sikleus anu logis 
pimunculnana saurang pahlawan. Tah, jalmi-jalmi anu muncul tepat pada waktu dan 
kondisi kitu manawi anu disebat dina ramalan teh... hal anu bakal aya/muncul 
dugi kairaha wae... general eta mah... 

Kukituna, balik deui yen urang tetep kudu ngurus diri urang sorangan, ngarah 
aya manfaatna ulah galider ku ramalan, puten ah supados urang fokus katujuan 
anu sami, nyaeta naekkeun ajen diri urang secara individu oge secara komunitas. 


wassalam, 
dudi_ss
 


  ----- Original Message ----- 
  From: eminx 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, September 28, 2008 10:30 PM
  Subject: Re: [kisunda] Budak angon tea > jeung AQ



  he he, eta Abah Ndud...
  pan saurna ari budak angon di urang mah ngangon kalakay sareng tutunggul
  kumaha tah mesekna,
  atanapi bade Zen heula ngarah asak mesek budak angon versi 'urang'





  On Sun, Sep 28, 2008 at 9:24 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

     

    Haturan Mang Hsn, Kang Tirta oge baraya sadaya, 
      a.. Perkawis Zen, abdi mireng hawar-hawar ti belah kaler aya anu  
nebarkeun  agama anyar namina Agama Zen, duka sami sareng Zen anu ieu atanapi 
henteu abdi ge teu terang persis. Alesan sanesna, abdi ge pan mung terang tina 
buku SQ tea, sakitu-kituna teu langkung...., kitu tah Mang. Hamputen bae... 
      b.. Kang Tirta perkawis anu dua ti Akang sarimbag sareng dua maqom ti 
Said Hawa, nyaeta maqom Siddiqun sareng Rabbaniyun, salah sahiji "kecap 
koncina" anu inget nyaeta: "Diantarana aya jalema anu geus sugema ku saukur 
teuleum di permukaan, nu sejena sugema lamun geus nepi ka dasar"  pengibaratan 
anu patukan tonggong jeung eta, ngaibaratkeun proses pencarian jatidiri ku 
Pendaki Gunung. Naha disebut patukang tonggong kusabab anu hiji kahadap anu 
hiji kaluhur tapi dina esensina sarua. Abdi bade ngaguar anu diibaratkeun naek 
gunung wae ngarah ngapil kantun milari ku google, sadaya baraya oge tiasa. 
Pengibaratan ieu ngabedakeun jalma janten 3 (tilu) kelompok pendaki gunung tea, 
nyaeta kelompok Kedul (Quitter), ........ (Camper), Jucung (Climber). Jucung 
mangrupa kelompok anu dipikayang ku sakumna manusa, urang kaasup ka kelompok 
mana-manana gunantung kana CORE urang masing-masing. CORE teh nyeata Control 
(kumaha urang bisa ngotrol diri), Ownership (kumaha urang nyaha kadiri), Reach 
(kumaha jakauan pandangan urang), Endurance (kumaha daya tahan diri urang), 
dongeng ieu bisa wae dipanjangkeun ngalah leuwih kaharti tapi da kudu kumaha 
atuh uing teu hatam maca bukuna ge. 
      c.. Balik deui kana harepan Kang Tirta,  Naekeun jejer Budak Angon jadi 
"Jalan nyaho ka diri" anu ieu mah tinggal mesek 10 tahapan Budak Angon-na Zen 
tea, "Budak Angon Zen" ibarat caluruk, lamun dipesek matak araratel komo lamun 
langsung dikeremos, mesek ieu teu bisa ku sorangan sabab dina salahna teu aya 
anu menerkeun, keun sugan kahareup urang bisa murakna babarengan. Manusa anu 
bisa mesekna pan kudu anu geus jucung nepi ka pucak gunung, lamun geus aya 
sababaraha urang anu jucung kop tah purak tutungkusan teh. 
      d.. Jalan keur nyaho ka Gusti Alloh mah, uing ge kakara aya anu ngabejaan 
Kang, ceunah mah "ti dinya engke ka dinya" can wani ngalengkah kadinya mah, anu 
kahiji ge masih upayakeun keneh. Hatur nuhun, teu daya tapi kudu upaya... 
      e.. Ayeuna hayu urang upaya sasarengan ngarah urang tiasa pependak 
dipunclak gunung. 

    wassalam
    dudi_ss
    Catetan: AQ = Adversity Qoutient, alat ukurna CORE, anu peryogi kantun 
ngorehan dina pabetekan google, gampil! 

----------------------------------------------------------------------------

  . 
   

Kirim email ke