Wahhhhh...... hatur nuhun pisan Ambu ........ meni sae pisan tah pedaranna 
........
Kinten-kinten tiasa sakantenan dialungkeun sareng conto-contona supados 
langkung jelas .........!?


hatus nuhun,




--------------------------------------------------------------------------------

patani makmur ..... taneuh subur ......



  ----- Original Message ----- 
  From: richadiana kartakusuma 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 09, 2008 10:47 AM
  Subject: Re: [kisunda] install aksara sunda


   punten gamparan ... mangga ari kersa nampi saran ti abdi mah, kieu  

  1. [qa]  mah teu aya dina aksara sunda ! nu aya [kha]

  2. oge Sunda teu aya [za], [xa], [fa]
  nu aya [sya ]; [sha] --------  [pa] - [pha] 

  khusus [pha] mah mung kapanggih tina  prasasti anu basana Sanskerta 
  anu basa Sunda Kuno mah teu aya


  3. aksara [ga] 
  ti kawitan aya oge cungapna teu ka gigir atanapi ka luhur tapi ka handap

  4. aksara [na] 
  bentukna benten sareng anu di prasasti KAWALI oge anu dina prasasti 
KEBANTENAN ( dua prasasti nu janten pakem resmi aksara SUNDA KUNO)
   
  5. aksara [ta]
  teu gamblang kabuka kitu, sukuna aya 3 > suku kahiji sareng kadua ngahiji 
janten nutup janten awakna, suku nu katilu nyambung kana awak nga teu nutup 
tapi muka cungapna ka handap 

  6. aksara [ra] 
  teu aya garis datar di luhureunana > polos bae 

  7. aksara [ma] 
  sungutna nyanghareup ka katuhu
   
  8. susunan aksara teh ... ku karuhun tos dijajarkeun sarimbag sareng nu 
ayeuna aya > janten karuhun urang ge tos terangeun ...ngan panginten teu 
disodorkeun istilahna
  nyaeta kieu:

  KA       KHA    GA    GHA   NGA
  CA      CHA     JA     JHA    NYA
  PA       PHA     BA    BHA   MA
  SYA    SHA     SA     HA
  YA       RA        LA     WA 

  teras aya sora2 anu tinanngtu

  re  (nganggo curek diluhur [e]

  r   (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh nyaring "rrrrrrrrrrrrr..."

  le  (nganggo curek diluhur [e] 

  L  (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh nyaring "LLLLLLLLLLL..."

  h ( titik dihandap) disebat visargha kanggo maehan [ha] janten [h] 

  s (titik dihandap] nu disebat bunyi desis  

  nyanggakeun sakieu heula, mung dukakaasngke henteuna mah da nu ku abdi 
ditampi mah nu kieu (tapi ieu teu acan sadayana diterangkeun ku abdi mung 
khusus nu peryogi bae sareng patalina sareng nu dialungkeun di dieu). Pon kitu 
panginten nu dialungkeun ku gamparan mah tos DIMODIFIKASI sareng kiwari... 

  abdi mah nyandak PAKEM tina data otentik 
  nyaeta prasasti anu langsung kawaris ti RAJA2 SUNDA, 
  oge anu resmi diangge kontemporer sareng jamanna, 
  salaras sareng basa SUNDA na.

  Tabe pun
  AMBU WIRUMANANGGAY 

Kirim email ke