conto2na anu JENTRE mah gampil atuh mangga tingali teras parios..oge di-IMEUT-an hiji hiji aksara dina prasasti KEBANTENAN (ti Sri Baduga Maharaja) oge prasasti KAWALI (ti Wastukancana = eyangna Sri Baduga), tingal ting leleb turta teleb...teras lebetkeun kana Tabel.
Ngadamel PE-ER ku anjeun bae atuh, ngarah salse ongkoh teu disuntrung2 ku batur Tabe pun AMBU ----- Original Message ---- From: Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, October 9, 2008 10:38:23 AM Subject: Re: [kisunda] install aksara sunda Wahhhhh..... . hatur nuhun pisan Ambu ........ meni sae pisan tah pedaranna ........ Kinten-kinten tiasa sakantenan dialungkeun sareng conto-contona supados langkung jelas .........!? hatus nuhun, ________________________________ patani makmur ..... taneuh subur ...... ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, October 09, 2008 10:47 AM Subject: Re: [kisunda] install aksara sunda punten gamparan ... mangga ari kersa nampi saran ti abdi mah, kieu 1. [qa] mah teu aya dina aksara sunda ! nu aya [kha] 2. oge Sunda teu aya [za], [xa], [fa] nu aya [sya ]; [sha] -------- [pa] - [pha] khusus[pha] mah mung kapanggih tina prasasti anu basana Sanskerta anu basa Sunda Kuno mah teu aya 3. aksara [ga] ti kawitan aya oge cungapna teu ka gigir atanapi ka luhur tapi ka handap 4. aksara [na] bentukna benten sareng anu di prasasti KAWALI oge anu dina prasasti KEBANTENAN ( dua prasasti nu janten pakem resmi aksara SUNDA KUNO) 5. aksara [ta] teu gamblang kabuka kitu, sukuna aya 3 > suku kahiji sareng kadua ngahiji janten nutup janten awakna, suku nu katilu nyambung kana awak nga teu nutup tapi muka cungapna ka handap 6. aksara [ra] teu aya garis datar di luhureunana > polos bae 7. aksara [ma] sungutna nyanghareup ka katuhu 8. susunan aksara teh ... ku karuhun tos dijajarkeun sarimbag sareng nu ayeuna aya > janten karuhun urang ge tos terangeun ...ngan panginten teu disodorkeun istilahna nyaeta kieu: KA KHA GA GHA NGA CA CHA JA JHA NYA PA PHA BA BHA MA SYA SHA SA HA YA RA LA WA teras aya sora2 anu tinanngtu re (nganggo curek diluhur [e] r (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh nyaring "rrrrrrrrrrrrr. .." le (nganggo curek diluhur [e] L (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh nyaring "LLLLLLLLLLL. .." h ( titik dihandap) disebat visargha kanggo maehan [ha] janten[h] s (titik dihandap] nu disebat bunyi desis nyanggakeun sakieu heula, mung dukakaasngke henteuna mah da nu ku abdi ditampi mah nu kieu (tapi ieu teu acan sadayana diterangkeun ku abdi mung khusus nu peryogi bae sareng patalina sareng nu dialungkeun di dieu). Pon kitu panginten nu dialungkeun ku gamparan mah tos DIMODIFIKASI sareng kiwari... abdi mah nyandak PAKEM tina data otentik nyaeta prasasti anu langsung kawaris ti RAJA2 SUNDA, oge anu resmi diangge kontemporer sareng jamanna, salaras sareng basa SUNDA na. Tabe pun AMBU WIRUMANANGGAY
