hihhhh bet kunaon atuh nya
pan ntos disebatkeun abdi GAPTEK 
abdi  teu tiasa ngadamel langsung aksarana di diweu
iwal ti Latin - na bae
 
Tabe pun 
AMBU



----- Original Message ----
From: Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 9, 2008 10:38:23 AM
Subject: Re: [kisunda] install aksara sunda


Wahhhhh..... . hatur nuhun pisan 
Ambu ........ meni sae pisan tah pedaranna ........
Kinten-kinten tiasa sakantenan 
dialungkeun sareng conto-contona supados langkung jelas .........!?
 
hatus nuhun,
________________________________
 
patani makmur ..... 
taneuh subur ......
 
----- Original Message ----- 
From: richadiana kartakusuma 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Thursday, October 09, 2008 10:47  AM
Subject: Re: [kisunda] install aksara  sunda

 punten gamparan ... mangga ari  kersa nampi saran ti abdi mah, kieu  

1. [qa]  mah teu aya dina aksara sunda !  nu aya [kha]

2. oge Sunda teu  aya [za], [xa], [fa]
nu aya [sya ]; [sha] --------  [pa] - [pha] 

khusus[pha] mah mung  kapanggih tina  prasasti anu basana Sanskerta 
anu basa Sunda Kuno mah  teu aya


3. aksara [ga] 
ti kawitan aya oge cungapna  teu ka gigir atanapi ka luhur tapi ka handap

4. aksara [na] 
bentukna benten sareng anu di  prasasti KAWALI oge anu dina prasasti KEBANTENAN 
( dua prasasti nu janten  pakem resmi aksara SUNDA KUNO)
 
5. aksara [ta]
teu gamblang  kabuka kitu, sukuna aya 3 > suku kahiji sareng kadua ngahiji 
janten nutup  janten awakna, suku nu katilu nyambung kana awak nga teu nutup 
tapi muka  cungapna ka handap 

6. aksara [ra] 
teu aya garis datar di luhureunana > polos bae 

7. aksara  [ma] 
sungutna nyanghareup ka katuhu
 
8. susunan aksara teh ... ku karuhun tos  dijajarkeun sarimbag sareng nu ayeuna 
aya > janten karuhun urang ge tos  terangeun ...ngan panginten teu disodorkeun 
istilahna
nyaeta  kieu:

KA       KHA     GA    GHA   NGA
CA       CHA     JA     JHA     NYA
PA       PHA      BA    BHA   MA
SYA     SHA     SA      HA
YA       RA         LA     WA 

teras aya sora2 anu  tinanngtu

re  (nganggo  curek diluhur [e]

r   (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh nyaring  "rrrrrrrrrrrrr. .."

le  (nganggo curek diluhur [e]

L  (nganggo titik dihandar [r] janten diaosna teh  nyaring "LLLLLLLLLLL. .."

h ( titik dihandap) disebat visargha kanggo maehan [ha] janten[h] 

s (titik dihandap]  nu disebat bunyi desis  

nyanggakeun sakieu heula, mung dukakaasngke henteuna mah da nu ku abdi  ditampi 
mah nu kieu (tapi ieu teu acan sadayana diterangkeun ku abdi mung  khusus nu 
peryogi bae sareng patalina sareng nu dialungkeun di dieu). Pon kitu  panginten 
nu dialungkeun ku gamparan mah tos DIMODIFIKASI sareng kiwari... 

abdi mah nyandak PAKEM tina data otentik 
nyaeta prasasti anu  langsung kawaris ti RAJA2 SUNDA, 
oge anu resmi diangge kontemporer sareng  jamanna, 
salaras sareng basa SUNDA na.

Tabe pun
AMBU  WIRUMANANGGAY 
    


      

Kirim email ke