Jumaah kamari, aya kasempetan ngobrol jeung urang Pemda Bogor, Kang Agus Aris 
Munandar, Wartawan Kompas jeung wartawan Balebat.

Ceuk cenah mah eta batu Kuya teh ku masyarakat dingaranan oge Batu Kuda, sabab 
upama ditenget-tenget teh jiga waruga kuda. Kadang-kadang upama aya kajadian 
atawa musibah di tingkat nasional, di walungan tempat cicing batu kuya/kuda, 
sok aya sora-sora ngahiem, siga sora kuda.

Ceuk pagawe Pemda Bogor, beurat batu kuya teh aya kana 73 ton. Tah ku pausahaan 
anu ngajual batu kuya teh dihargaan Rp 7000/kg. aya oge batu anu warugana siga 
meja (datar, rata) hargana teh Rp15.000/meter. Eta pausahaan teh geus aya kana 
15 taunna ngahususkeun ngajualan batu/ benda-benda purbakala, tatangkalan kolot 
anu diawetkeun.
Ceuk cenah mah, hasil tina batu kuya teh rencanana mah sabagean pikeun 
ngabeayaan fasilitas umumĀ  rahayat di wewengkon eta, kayaning lapangan maen 
bal, volly jeung rea-rea deui.


baktos,

mrachmatrawyani
 
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke