> From: Tirta widjaja
> "Sistem pemerintahan tidak berdasarkan demokrasi, tidak berdasarkan apapun
> tapi berdasarkan wahyu dari Tuhan," kata > tokoh spiritual Haris Suhyar
> yang juga pendiri Yayasan Sirnagalih di Jakarta, Senin malam.
Jek nong, kacaritakeun para Dewa di Kahyangan nurunkeun jimat "Wahyu
Cakraningrat"/ Layang Kalimusada ka alam Dunya. Sing saha wae nu bisa
ngapimilik ieu pusaka, manehna atawa kuturunana bakal jadi pangawasa. Para
Raja di Dunya pawayangan geunjleung, pahibut pahayang-hayang. Kitu oge
katurunan Pandu, Pandawa, nu ngutus Abimanyu sina marenbutkeun Wahyu
Cakraningrat. Para Raja der campuh perang. Abimanyu, akhirna hasil, meunang
dina peperangan, wahyu cakraningrat kapimilik. Ngan hanjakal pisan Abimanyu
teu kungsi jadi raja, sabab kaburu perlaya dina Baratayuda. Nu jadi Raja
anakna Parikesit, nu marentah Hastinapura kalawan adil makmur, gemah ripah
loh jinawi, kerta raharja ayem tengtrem. Jek nong ki dalang nutup layar
sigotaka.
Si Kabayan nguniang, wayang geus lekasan, manehna ngadigdig ka Masigit rek
ngadon Sholat Subuh heula. Di Masigit, saenggeusna Sholat subuh, aya nu
mere ceramah "kuliah Shubuh". Cenah, demokrasi produk urang barat, teu
islami. Sabab kakawasaan teh lain mandat ti rakyat tapi ditunjuk ku Gusti
Allah. Pamimpin mangrupakeun wakil Nu Maha Kawasa di Dunya. Demokrasi
nyebutkeun "Sora Rakyat, Sora Tuhan", eta Syirik atawa Bid'ah
ngadewa-dewakeun Sora Rakyat. Nagara kudu dipimpin ku pamimpin nu dipilih
kunu Maha Kawasa. Hayu urang adegkeun Kekhalifahan .........
Si Kabayan unggeuk-unggeukkan sanajan bari bingung, naha besluit
pengangkatan ti Nu Maha Kawasa teh diturunkeun ka Dunya siga nu
dilalakonkeun Ki Dalang kitu?
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/