emh...gamparan Abah
meni ngawawaas jaman ngora teh saenyana. siga heureuy tapi nyaan wayang mah, 
siloka kana kahirupan manusa tea.

Tungtungna mah tungtungnya, nya ABah! Panca Pandawa = pandawa lilima weh nu 
jucung sabab kajujuranana, basajanna tea  anu teras laju ka puncak himalaya 
(hima = tinggi; laya = daerah/kawasan)

sindiran tea abah...nyata pandawa lima teh geuning simbol panca indriya 
...saha2 anu bisa merenahkeun make panca indriya kalawan puncakna ngalawan 
napsu nu pohara kuatna ( 9 cungap)...teu wleh geuning ea anu rahayu tur waluya 
mah. Pamugi ku jeneng WALUYA teh abah ge dugi ka puncak karahayuan

Tabe pun
AMBU
   

----- Original Message ----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 16, 2008 11:53:16 AM
Subject: Re: Wahyu vs Demokrasi???? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG SUNDA,...anu 
WANI ???


> From: Tirta widjaja
> "Sistem pemerintahan tidak berdasarkan demokrasi, tidak berdasarkan apapun 
> tapi berdasarkan wahyu dari Tuhan," kata > tokoh spiritual Haris Suhyar 
> yang juga pendiri Yayasan Sirnagalih di Jakarta, Senin malam.

Jek nong, kacaritakeun para Dewa di Kahyangan nurunkeun jimat "Wahyu 
Cakraningrat" / Layang Kalimusada ka alam Dunya. Sing saha wae nu bisa 
ngapimilik ieu pusaka, manehna atawa kuturunana bakal jadi pangawasa. Para 
Raja di Dunya pawayangan geunjleung, pahibut pahayang-hayang. Kitu oge 
katurunan Pandu, Pandawa, nu ngutus Abimanyu sina marenbutkeun Wahyu 
Cakraningrat. Para Raja der campuh perang. Abimanyu, akhirna hasil, meunang 
dina peperangan, wahyu cakraningrat kapimilik. Ngan hanjakal pisan Abimanyu 
teu kungsi jadi raja, sabab kaburu perlaya dina Baratayuda. Nu jadi Raja 
anakna Parikesit, nu marentah Hastinapura kalawan adil makmur, gemah ripah 
loh jinawi, kerta raharja ayem tengtrem. Jek nong ki dalang nutup layar 
sigotaka.

Si Kabayan nguniang, wayang geus lekasan, manehna ngadigdig ka Masigit rek 
ngadon Sholat Subuh heula.  Di Masigit, saenggeusna Sholat subuh, aya nu 
mere ceramah "kuliah Shubuh". Cenah,  demokrasi produk urang barat, teu 
islami. Sabab kakawasaan teh lain mandat ti rakyat tapi ditunjuk ku Gusti 
Allah. Pamimpin mangrupakeun wakil Nu Maha Kawasa di Dunya. Demokrasi 
nyebutkeun "Sora Rakyat, Sora Tuhan", eta Syirik atawa Bid'ah 
ngadewa-dewakeun Sora Rakyat. Nagara kudu dipimpin ku pamimpin nu dipilih 
kunu Maha Kawasa. Hayu urang adegkeun Kekhalifahan .........

Si Kabayan unggeuk-unggeukkan sanajan bari bingung, naha besluit 
pengangkatan ti Nu Maha Kawasa teh diturunkeun ka Dunya siga nu 
dilalakonkeun Ki Dalang kitu?

Baktos,
WALUYA

    


      

Kirim email ke