Fajar Jiga kalangkang deuh keur waktu pajar Ti beulah wetan tuh hurung gumebyar nyebar mencar sinar puyar gelar nyumponan takajar Rek nyuaykeun nu ngadingding indung peuting lir pipinding ngahiliwir ngadalingding bray beurang alam sinangling Pajar geus puyar duh ganti ku beurang angin panggeuing lir nitah tatandang ngangkat ajen jeung komara harkat darajat "KISUNDA" Kasenian kabudayan titilar rasa KaSUNDAN Rasa lahir rasa batin wawakil jisim sumalim Sabilulungan duh Putra Pasundan ngagarap seni jeung kabudayaan rampak sekar sauyunan ngawujud sekar gendingan Kawih sedih nu kasmaran Sorana ombak ombakan ngahaleuang lir nalangsa hayang diraksa diwejang
