duuuh Sunda...
uin teu waaaasa...
nampa lan nanganana
muga yang widi
muga nu boga keresa
muga nu murbeng alam...
nampa ieu pangdu'a
ti nu keur 
tandasa , sangsara
taya pangawasa
alam endahna 
lemah caina geus direbut deungeun
tarima raga wayahna 
ngancik dinagara deungeun
urang jadi badega 
di nagara sorangan
cag!
 rampes nun!
....oca tea..
--- On Thu, 10/16/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] lagu kabangsaan KISUNDA
To: "kisunda" <[email protected]>
Date: Thursday, October 16, 2008, 4:47 PM









 
Fajar
 
Jiga kalangkang deuh keur waktu pajar
Ti beulah wetan tuh hurung gumebyar
nyebar mencar sinar puyar
gelar nyumponan takajar
 
Rek nyuaykeun nu ngadingding
indung peuting lir pipinding
ngahiliwir ngadalingding
bray beurang alam sinangling
 
Pajar geus puyar duh ganti ku beurang
angin panggeuing lir nitah tatandang
ngangkat ajen jeung komara
harkat darajat "KISUNDA"
 
Kasenian kabudayan
 titilar rasa KaSUNDAN
Rasa lahir rasa batin
wawakil jisim sumalim
 
Sabilulungan duh Putra Pasundan
ngagarap seni jeung kabudayaan
rampak sekar sauyunan
ngawujud sekar gendingan
 
Kawih sedih nu kasmaran
Sorana ombak ombakan
ngahaleuang lir nalangsa
hayang diraksa diwejang
 


      



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke