reueus, ....
ieu kisunda teh rea nu nga wangikeun,
rea nu nga dangdanan ku kamonesan masing2,...

nandakeun ieu kisunda milik sarerea,
milik hate nurani sakumna urang sunda,.
mugia teras kitu,...

eta lagu karek eusina,... sumangga seniman nada geura ngabungkus ku
wadah nu ngeunah katarima ku ceuli kisunda, nu haus kana lalaguan
sunda,...

wilujeng kang abbas,... nepangkeun abdi agus roche.
budak baong nu borangan tea,... hehehe...

rampes.
=roch=

--- In [email protected], Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  
> Fajar
>  
> Jiga kalangkang deuh keur waktu pajar
> Ti beulah wetan tuh hurung gumebyar
> nyebar mencar sinar puyar
> gelar nyumponan takajar
>  
> Rek nyuaykeun nu ngadingding
> indung peuting lir pipinding
> ngahiliwir ngadalingding
> bray beurang alam sinangling
>  
> Pajar geus puyar duh ganti ku beurang
> angin panggeuing lir nitah tatandang
> ngangkat ajen jeung komara
> harkat darajat "KISUNDA"
>  
> Kasenian kabudayan
>  titilar rasa KaSUNDAN
> Rasa lahir rasa batin
> wawakil jisim sumalim
>  
> Sabilulungan duh Putra Pasundan
> ngagarap seni jeung kabudayaan
> rampak sekar sauyunan
> ngawujud sekar gendingan
>  
> Kawih sedih nu kasmaran
> Sorana ombak ombakan
> ngahaleuang lir nalangsa
> hayang diraksa diwejang
>  
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke