haturan  ki Oca anu iklas lahir batin nampi simkuring waktu harita
sim kuring ayeuna keur ngalalana di tatar sunda
dia harti anu saujratna,
ngaregepkeun rasana hawa anu kungsi ngabarengan kuring lahir ka ieu dunya
kadang leumpang jauh mapay walungan, sawah kebon jeung huma
kadang ngariung jeung batur sakampung
kadang ngotektek nu kungsi aya...
aya naon ?
loba harti nu geus ilang tina ingetan...
dibekelan ku Kang Ilen....
detik ieu kuring aya di tatar Sunda saestu....
moal waka incah mun can panggih nu di seja,
moal waka ulubiung jiga batur deui
da waktuna beda jeung baheula...
kuring merdeka....
anjeun merdeka...
merdeka lahirna
merdeka bathina...

hampura ingsun,




On Fri, Oct 17, 2008 at 12:54 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   kamana we juragan Eminx?
> uin leungiteun, taya nu ngimeutan...
> naaaa ...kiwari jadi US ARMY
> URG SUNDA ARANG MYANG
> ka ieu milist
> he33x!
> ...oca tea...
>
> --- On *Thu, 10/16/08, eminx <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: eminx <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)
> To: [email protected]
> Date: Thursday, October 16, 2008, 6:05 AM
>
> US ARMY, he he he....
>
> On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>    pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
>> hampura uin...
>>
>> hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
>> gerak di ka-Sunda-an,
>>
>> kahayang teh...
>> US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
>> hateup tina Jati...
>> tihang tina Jati...
>> tatapakan tina alam saJati
>> nya...saJatining SUNDA.
>>
>> sok sanajan, beda warna
>> sok sanajan beda rupa
>> sok sanajan beda sora
>> rek bunisora, rek tariksora
>> pek bae kumadinya...
>> tapiiii... sarua JATIna...
>> lain JUNTI...tapiii
>> JATI SUNDA!!!
>>
>> enya...
>> siga katumbiri...
>> rupi-rupi warna-warni
>> tapi nutug leuwi
>> manggih nyi putri
>> saurang sahiji...
>> kabeh kabagi...
>>
>> pamohalan???
>> teu era ka nini2 di ahir hirupna
>> masih keneh nyieun jarum
>> ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?
>>
>> kahayang teh...
>> boga imah...
>> tapi lain sakadar saung...
>> keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
>> tapi IMAH SAREREA, BALAREA
>> tempat ngiuhan sarerea...
>> tempat ngadu bako, balagonjangan
>> nyieun sagala, kalawan rempug jukung
>> tempat panyaluuhan
>> silih elingan
>> silih rojong
>> silih ASAH-ASIH-ASUH!!!
>>
>> emh,...ambu
>> kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
>> kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
>> kg dak angon, kg engkus, kg roche
>> kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
>> kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
>> kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles,
>> kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
>> ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
>> ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh,
>> kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov,
>> kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
>> kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
>> kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
>> kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
>> pokona sakabeh anu sukasunda!
>> ka sakabeh nu hayang nyahosunda
>> ulah euceuk jeung beja, paribasana mah
>>
>> pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
>> tapi karak ceuk uin...
>> ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
>> mungkin?
>> mun mungkin kumaha tah carana?
>>
>> sunda
>> teu saukur genetika
>> teu ukur sampurasun...
>> teu saukur wacana
>> teu saukur dedegungan/kacapi suling
>> teu saukur sisilaturahmian
>> teu saukur tatakrama
>> jeung gaya basana
>> tapi mangrupakeun
>> TATANAN KAMASYARAKATAN,
>> SISTIM KAHIRUPAN
>> KABANGSAAN-KANAGARAAN
>> DUMASAR KANA
>> ELING KA PURWADAKSI-NA
>> ELING KA SABUDEUR ALAM
>> ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM
>>
>> CAG!
>> RAMPES!
>> ...oca tea...
>>
>>
>>
>>
>>
>
>
> --
> ES
> ars long vita brefis
>
>
>
>  
>



-- 
ES
ars long vita brefis

Kirim email ke