US ARMY, he he he....

On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
> hampura uin...
>
> hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
> gerak di ka-Sunda-an,
>
> kahayang teh...
> US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
> hateup tina Jati...
> tihang tina Jati...
> tatapakan tina alam saJati
> nya...saJatining SUNDA.
>
> sok sanajan, beda warna
> sok sanajan beda rupa
> sok sanajan beda sora
> rek bunisora, rek tariksora
> pek bae kumadinya...
> tapiiii... sarua JATIna...
> lain JUNTI...tapiii
> JATI SUNDA!!!
>
> enya...
> siga katumbiri...
> rupi-rupi warna-warni
> tapi nutug leuwi
> manggih nyi putri
> saurang sahiji...
> kabeh kabagi...
>
> pamohalan???
> teu era ka nini2 di ahir hirupna
> masih keneh nyieun jarum
> ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?
>
> kahayang teh...
> boga imah...
> tapi lain sakadar saung...
> keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
> tapi IMAH SAREREA, BALAREA
> tempat ngiuhan sarerea...
> tempat ngadu bako, balagonjangan
> nyieun sagala, kalawan rempug jukung
> tempat panyaluuhan
> silih elingan
> silih rojong
> silih ASAH-ASIH-ASUH!!!
>
> emh,...ambu
> kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
> kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
> kg dak angon, kg engkus, kg roche
> kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
> kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
> kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles,
> kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
> ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
> ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh,
> kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov,
> kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
> kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
> kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
> kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
> pokona sakabeh anu sukasunda!
> ka sakabeh nu hayang nyahosunda
> ulah euceuk jeung beja, paribasana mah
>
> pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
> tapi karak ceuk uin...
> ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
> mungkin?
> mun mungkin kumaha tah carana?
>
> sunda
> teu saukur genetika
> teu ukur sampurasun...
> teu saukur wacana
> teu saukur dedegungan/kacapi suling
> teu saukur sisilaturahmian
> teu saukur tatakrama
> jeung gaya basana
> tapi mangrupakeun
> TATANAN KAMASYARAKATAN,
> SISTIM KAHIRUPAN
> KABANGSAAN-KANAGARAAN
> DUMASAR KANA
> ELING KA PURWADAKSI-NA
> ELING KA SABUDEUR ALAM
> ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM
>
> CAG!
> RAMPES!
> ...oca tea...
>
>
>
>
>  
>



-- 
ES
ars long vita brefis

Kirim email ke