Bagea Bah Oca. Nuhun uing tos diaku di Tirtayasa 33+1, hehehe. Najan ukur sakocepat, asa nambah baraya.
Keur ngudag impian Bah Oca, implengan uing mah basajan wae. Uing mah nyawang kieu: gaya jigana upama Tirtayasa 33+1 jadi Cafe Gaul Ki Sunda. Hahaha. Jadi hiji tempat masamoan, nu sawaktu-waktu baraya ti mana mendi bisa nyimpang, ngadongeng, bari ngalegik bajigur, atawa nyuruput kopi pabrik. Sugan wae ladang pasamoan informal jiga kieu, bisa ngagurultulkeun ideu-ideu anyar. Salam, mh On 10/15/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA, > hampura uin... > > hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae... > gerak di ka-Sunda-an, > > kahayang teh... > US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati > hateup tina Jati... > tihang tina Jati... > tatapakan tina alam saJati > nya...saJatining SUNDA. > > sok sanajan, beda warna > sok sanajan beda rupa > sok sanajan beda sora > rek bunisora, rek tariksora > pek bae kumadinya... > tapiiii... sarua JATIna... > lain JUNTI...tapiii > JATI SUNDA!!! > > enya... > siga katumbiri... > rupi-rupi warna-warni > tapi nutug leuwi > manggih nyi putri > saurang sahiji... > kabeh kabagi... > > pamohalan??? > teu era ka nini2 di ahir hirupna > masih keneh nyieun jarum > ku cara ngahampelas WATANG beusi beton? > > kahayang teh... > boga imah... > tapi lain sakadar saung... > keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul > tapi IMAH SAREREA, BALAREA > tempat ngiuhan sarerea... > tempat ngadu bako, balagonjangan > nyieun sagala, kalawan rempug jukung > tempat panyaluuhan > silih elingan > silih rojong > silih ASAH-ASIH-ASUH!!! > > emh,...ambu > kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman > kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan > kg dak angon, kg engkus, kg roche > kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir > kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2 > kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles, > kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan > ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur > ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh, > kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov, > kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun, > kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela, > kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr > kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura > pokona sakabeh anu sukasunda! > ka sakabeh nu hayang nyahosunda > ulah euceuk jeung beja, paribasana mah > > pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah, > tapi karak ceuk uin... > ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha? > mungkin? > mun mungkin kumaha tah carana? > > sunda > teu saukur genetika > teu ukur sampurasun... > teu saukur wacana > teu saukur dedegungan/kacapi suling > teu saukur sisilaturahmian > teu saukur tatakrama > jeung gaya basana > tapi mangrupakeun > TATANAN KAMASYARAKATAN, > SISTIM KAHIRUPAN > KABANGSAAN-KANAGARAAN > DUMASAR KANA > ELING KA PURWADAKSI-NA > ELING KA SABUDEUR ALAM > ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM > > CAG! > RAMPES! > ...oca tea... > > > > > >
