Sampurasun,
Kang Oca, Kang Ilen, Kang Agus kalih kadang wargi sadayana nu kalintang 
dibageakeun ku sim kuring..
hatur nuhun kana panampianana..

kawit mah sim kuring teh ti tutugan giri mandala wangi
lembur singkur nu sok jadi catur batur-batur
sok diibur-ibur tanpa bukur
tapi bagja nepi kiwari masih alakur
sanajan bareda tutur galur carita luluhur
aya luluhur kulon, wetan, kidul, kaler sumawonten di pancerna mah
sadayana ngadapur saur sababatur

mung ayeuna turun gunung
maneuh di ranca lega tatapakan SangHyangKuring
nya dayeuh maneuh puseur ParaHyangan

lawas kuring teu aub di ieu panglawungan catur
tapi lain harti teu nyawang ngalangkangan ngudagna carita
sabab ayeuna geus wayah dimana talaga bedah ti wetan
ciri kuring kudu makalangan sababatur
nu semu di harti rancage na hate
muga kuring kahibaran kacaangan karahayuan

Rahyang lain gelar pangajen
tapi gelar titis tulis
Rah-getih Hyang-Gusti
apanan urang asal ti Hyang
nu ngawujud kagetihan
ngajanggelek jadi jalma
nu keur diajar kamanusaan
taya lian Rahyang teh Nu keur diajar kamanusaan
atawa nu gelar dicipta jadi manusa

mugia urang sadaya
nu hirup kumbuh ti tatar para hyang
nu saestuna mah para rahyang
makhluk MANUSA
nu samuduna ngalarapkeun ajen inajen
jeung dasar KAMANUSAAN
boga rasa pikeun ngarasa nepi ka ngarasakeun
boga pikir pikeun mikir nepi ka mikirkeun
medal asih da ngancik asihna Hyang
nerap tekad KUKUH JANA JANGJI-KUJANG
Silih ASIH-silih ASAH-silih ASUH
Hayu atuh.....


________________________________
From: agus <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, October 28, 2008 10:08:48 AM
Subject: [kisunda] Re: Sampurasun


wilujeng sumping , kang rahyang,...
tina namina mah,... hebat nya,... namina rahyang....

cigana sadulur sareng ki santang,..

kang rahyang, barayana nonggerak sanes???

=roche=
budak baong tea....

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, ilen kardani <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
>
> Rampes Rahyang,
> 
> Bagja temen kumayangan nambihan deui wargi ti kahuripan, sumangga
wilujeng lenggah he rahyang, sim kuring nampi ku panangan kiwa tengen,
diantos pedaranana dina alam kasundaan... ....leuh geningan maluruh nu
nuju maluruh salira teh.
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ __
> From: rahyang <[EMAIL PROTECTED] >
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Monday, October 27, 2008 10:11:09 PM
> Subject: [kisunda] Sampurasun
> 
> 
> Pun Tabe Pun Sampursaun..
> Neda unjuk aub catur panutur galur
> maluruh jatining hurip
> mapay uga na waruga
> naratas jalan laratan
> sampeureun jaga nu keur disorang
> sauyunan sakadang wargi
> muga lunntur galih
> muga muka muka lawang manah
> jembar carita sabalegandrung
> muga nampi jisim kuring
> dina panglawungan layang maya kisunda
> 
> ahung...
> pun..pun..pun. .
> amit Sun.
>

    


      

Kirim email ke