rampes kang rahyang,... tah, ieu rangkaian babasaan nu ngalir,.... meni reueus pisan maca na,... kang rahyang nu tos pangalamanana seueur, tiasa masihan buktos yen basa sunda teh meni endah,...
keur simkuring mah,... uraian ti akang kudu dibaca minimal 3 balikan,... sabab, rea teu ngarti, seueur pisan kata2 nu aheng,... tapi justru ieu nu menarik kanggo simkuring,... jadi leuwih tertarik kana basa sunda nu luhung,... haturnuhun pisan kang rahyang,... ditambah deui nguraikeun eta kata 'rahyang' , meni sakitu lengkepna,... kuring jadi langkung ngartos kana istilah2 sunda. ngan kade, akang kedah apal oge, di milis ieu tos berkembang janten berwarna-warni,... aya nu cawokah, aya nu geuleuyeung, aya nu panas tiris, aya nu angin-angin,... jsb,jsb,.... khusus kanggo simkuring, tos kawentar sebagai budak baong, sabab nya kitu,... gaduh elmu kasundaan nu deet, tapi hayaaanggg weh ngilu nimbrung, cingcirining teu daek cicing, ahirna kadang sok kamalinaan.... hehehe, tah kukituna, hampura nya,... sakitu agan,... wilujeng turun gunung deui,... sumangga ketrukkeun eta elmu pamanggih, supados tiasa janten anggoan nu aheng kanggo urang2,... digjaya sunda.... rampessss =roche= --- In [email protected], rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sampurasun, > Kang Oca, Kang Ilen, Kang Agus kalih kadang wargi sadayana nu kalintang dibageakeun ku sim kuring.. > hatur nuhun kana panampianana.. > > kawit mah sim kuring teh ti tutugan giri mandala wangi > lembur singkur nu sok jadi catur batur-batur > sok diibur-ibur tanpa bukur > tapi bagja nepi kiwari masih alakur > sanajan bareda tutur galur carita luluhur > aya luluhur kulon, wetan, kidul, kaler sumawonten di pancerna mah > sadayana ngadapur saur sababatur > > mung ayeuna turun gunung > maneuh di ranca lega tatapakan SangHyangKuring > nya dayeuh maneuh puseur ParaHyangan > > lawas kuring teu aub di ieu panglawungan catur > tapi lain harti teu nyawang ngalangkangan ngudagna carita > sabab ayeuna geus wayah dimana talaga bedah ti wetan > ciri kuring kudu makalangan sababatur > nu semu di harti rancage na hate > muga kuring kahibaran kacaangan karahayuan > > Rahyang lain gelar pangajen > tapi gelar titis tulis > Rah-getih Hyang-Gusti > apanan urang asal ti Hyang > nu ngawujud kagetihan > ngajanggelek jadi jalma > nu keur diajar kamanusaan > taya lian Rahyang teh Nu keur diajar kamanusaan > atawa nu gelar dicipta jadi manusa > > mugia urang sadaya > nu hirup kumbuh ti tatar para hyang > nu saestuna mah para rahyang > makhluk MANUSA > nu samuduna ngalarapkeun ajen inajen > jeung dasar KAMANUSAAN > boga rasa pikeun ngarasa nepi ka ngarasakeun > boga pikir pikeun mikir nepi ka mikirkeun > medal asih da ngancik asihna Hyang > nerap tekad KUKUH JANA JANGJI-KUJANG > Silih ASIH-silih ASAH-silih ASUH > Hayu atuh..... > > > ________________________________ > From: agus <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Tuesday, October 28, 2008 10:08:48 AM > Subject: [kisunda] Re: Sampurasun > > > wilujeng sumping , kang rahyang,... > tina namina mah,... hebat nya,... namina rahyang.... > > cigana sadulur sareng ki santang,.. > > kang rahyang, barayana nonggerak sanes??? > > =roche= > budak baong tea.... > > --- In [EMAIL PROTECTED] .com, ilen kardani <ilen1017@ .> wrote: > > > > Rampes Rahyang, > > > > Bagja temen kumayangan nambihan deui wargi ti kahuripan, sumangga > wilujeng lenggah he rahyang, sim kuring nampi ku panangan kiwa tengen, > diantos pedaranana dina alam kasundaan... ....leuh geningan maluruh nu > nuju maluruh salira teh. > > > > > > > > > > ____________ _________ _________ __ > > From: rahyang <rahyang@ > > > To: [EMAIL PROTECTED] .com > > Sent: Monday, October 27, 2008 10:11:09 PM > > Subject: [kisunda] Sampurasun > > > > > > Pun Tabe Pun Sampursaun.. > > Neda unjuk aub catur panutur galur > > maluruh jatining hurip > > mapay uga na waruga > > naratas jalan laratan > > sampeureun jaga nu keur disorang > > sauyunan sakadang wargi > > muga lunntur galih > > muga muka muka lawang manah > > jembar carita sabalegandrung > > muga nampi jisim kuring > > dina panglawungan layang maya kisunda > > > > ahung... > > pun..pun..pun. . > > amit Sun. > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
