A kenalan A, simkuring wasta pun Sujalma padamelan ngalana abdi nuju ngagambar kujang oge...
naha sami sareng wasta nyalira tapi jigana upami rahyang kitu mah tos ka ditu nya ? mangga wilujeng rahayu berkah salamet ka sadayana.... pun tabe pun... On Tue, Oct 28, 2008 at 9:34 AM, rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, > Kang Oca, Kang Ilen, Kang Agus kalih kadang wargi sadayana nu kalintang > dibageakeun ku sim kuring.. > hatur nuhun kana panampianana.. > > kawit mah sim kuring teh ti tutugan giri mandala wangi > lembur singkur nu sok jadi catur batur-batur > sok diibur-ibur tanpa bukur > tapi bagja nepi kiwari masih alakur > sanajan bareda tutur galur carita luluhur > aya luluhur kulon, wetan, kidul, kaler sumawonten di pancerna mah > sadayana ngadapur saur sababatur > > mung ayeuna turun gunung > maneuh di ranca lega tatapakan SangHyangKuring > nya dayeuh maneuh puseur ParaHyangan > > lawas kuring teu aub di ieu panglawungan catur > tapi lain harti teu nyawang ngalangkangan ngudagna carita > sabab ayeuna geus wayah dimana talaga bedah ti wetan > ciri kuring kudu makalangan sababatur > nu semu di harti rancage na hate > muga kuring kahibaran kacaangan karahayuan > > Rahyang lain gelar pangajen > tapi gelar titis tulis > Rah-getih Hyang-Gusti > apanan urang asal ti Hyang > nu ngawujud kagetihan > ngajanggelek jadi jalma > nu keur diajar kamanusaan > taya lian Rahyang teh Nu keur diajar kamanusaan > atawa nu gelar dicipta jadi manusa > > mugia urang sadaya > nu hirup kumbuh ti tatar para hyang > nu saestuna mah para rahyang > makhluk MANUSA > nu samuduna ngalarapkeun ajen inajen > jeung dasar KAMANUSAAN > boga rasa pikeun ngarasa nepi ka ngarasakeun > boga pikir pikeun mikir nepi ka mikirkeun > medal asih da ngancik asihna Hyang > nerap tekad KUKUH JANA JANGJI-KUJANG > Silih ASIH-silih ASAH-silih ASUH > Hayu atuh..... > ------------------------------ > *From:* agus <[EMAIL PROTECTED]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Tuesday, October 28, 2008 10:08:48 AM > *Subject:* [kisunda] Re: Sampurasun > > wilujeng sumping , kang rahyang,... > tina namina mah,... hebat nya,... namina rahyang.... > > cigana sadulur sareng ki santang,.. > > kang rahyang, barayana nonggerak sanes??? > > =roche= > budak baong tea.... > > --- In [EMAIL PROTECTED] .com <kisunda%40yahoogroups.com>, ilen kardani > <[EMAIL PROTECTED] .> wrote: > > > > Rampes Rahyang, > > > > Bagja temen kumayangan nambihan deui wargi ti kahuripan, sumangga > wilujeng lenggah he rahyang, sim kuring nampi ku panangan kiwa tengen, > diantos pedaranana dina alam kasundaan... ....leuh geningan maluruh nu > nuju maluruh salira teh. > > > > > > > > > > ____________ _________ _________ __ > > From: rahyang <[EMAIL PROTECTED] > > > To: [EMAIL PROTECTED] .com <kisunda%40yahoogroups.com> > > Sent: Monday, October 27, 2008 10:11:09 PM > > Subject: [kisunda] Sampurasun > > > > > > Pun Tabe Pun Sampursaun.. > > Neda unjuk aub catur panutur galur > > maluruh jatining hurip > > mapay uga na waruga > > naratas jalan laratan > > sampeureun jaga nu keur disorang > > sauyunan sakadang wargi > > muga lunntur galih > > muga muka muka lawang manah > > jembar carita sabalegandrung > > muga nampi jisim kuring > > dina panglawungan layang maya kisunda > > > > ahung... > > pun..pun..pun. . > > amit Sun. > > > > > > -- ES ars long vita brefis
