kg Paku, etamah biasana kg Tedi Permadi, abah Surya,
anu arapaleun ka sarupaning karitu mah
'....
uin milu ngasupan deet bae lah, tamba laku, ngeusi waktu...

lamun di kiratakeun , loba pisan harti akronim tina kecap kujang teh,
conto: ;kudi hyang; gagaman sang hyang anu murba wiasesa
           kukuh ka jangji; salah sahiji konsisten srg konsekwen US anu sajati
           ku ujang; dina bag-bagan kaDIRI, elmu aing na aing.

ari tina wangunan pakarang,
dina naskah2 eta paragi tatanen, mirip arit disebut ogen congkrang...
matakna aya dina hiji rumpaka 'congkrang kujang papasangan'...
ngandung harti eta keneh, atw rahayat jg menak saTATA
ngan ka beh dieunakeun jadi tosan aji,
salian ti baheulana oge bisa keur alat 'rudal', dipentang ti imah...???
uyut uin ti pun biang(banten), boga hiji, dingaranan kujang pangarak...
mun aya totonden, sok ngabejaan, kokolotrok di bilik atw turun ka meja makan..
tengah peuting, trus ngobrol jg uyut.,totonden naon anu bakal tumiba...???
resep mun uyut istri ngadongengkeun nu kararitu....
dongeng samemeh sare, anu mo poho tug dk kiwari...

ari jenis jg tipena (sakaterang):
aya anu euweuh liangan dk ka 26 liang!!!
aya motif wayang, motif naga, motif semar
motif manuk, motif maung jrrd.
elukna ogen eluk khas kujang, eluk panjang
eluk buntet, eluk rada lempeng, eluk paku

ari pamorna, gumantung bahan anu dipake
aya anu rada bodas , rada hideung, rada koneng
aya nu rada semu hideung, semu beureum
nyirikeun bahan metalna...
aya anu tina meteor, siga bahan keris,sarua

ari tina fungsina luyu jg kahayang anu "order'
jadi lamun indent ka si empuna teh rupa2
aya nu keur perang, keur jaga2, keur
pangasihan,
keur wibawa pangawasa jrrd.
bedana jg keris, keris mah dimana2 aya..
ari kujang mah ngan di jabar wungkul

ari umurna can jelas, anu pastina mah,dina bag2an keris...
anu disebut tangguh pajajaran, ngarupakeun master
/conto keris2 anu dijieun ku para empu dijawa,
da master tea, lumurna euwih kolot kl opat abad.
kujang ogen mo salah, pasti leuwih kolot ti keris jawa...
kujang pajajaran leuwih badag jeung leuwih kasar wangunna
batan kujang galuh...

kg Tedi, kg Gun ka asup pemburu kujang anu tangguh...
kg Gun mah teu dijual, geus aya kl 2000an koleksina
ayeuna keur ngos2an nyieun musium kujang, sorangan
(bade aya nu gabantos?) tos seep 100jutaan...lieurrr

lolobana anu aralus, aya di kolektor cina...
eta uin geus ningali kumaha eta si cina mupusti kujang2 sunda!
asana leuwih daria batan US sorangan 
uin sedih nempona, arang langka US anu kitu,
da sieun klenik en musyrik tea, jaba teu ngarti deuih
nya paaaaasti moal ka urus, boro2!
mun hoyong ningali anu rada kumplit sanes di musium sribaduga
tp di musium sumedang....
pengrajin kujang replika , seueur di ciwidey
baheula aya di sukabumi geus punah,
ka asup kg Tedi Permadi ogen
aya oge di baduy, tapi lila mesenna...
mung sakitu heula,
sakadada sakaduga uin
he33x!
...oca tea...


--- On Sun, 11/2/08, Agus Pakusarakan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Agus Pakusarakan <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] KUJANG
To: "US Baraya Kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "US kisunda" <[email protected]>, [EMAIL PROTECTED]
Date: Sunday, November 2, 2008, 8:21 PM

Sampurasun nun....

wadya balad sakabeh... cing sarebutkeun naon ari nu disebut KUJANG?
naha KUJANG teh pusakan urang
atawa ukur Tugu DI Bogor
atawa KUJANG teh ukur hartian Ku Ujang

ditungguan kanyaan aradika perkasa KUJANG iyeu..

jeung Naon bedana KUJANG nu warna Koneng Jeung Kujang Warna Hideung


 
 Agus Pakusarakan

+62812 8377 662
+62818 0617 0432
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
http://garutleather.com
http://azzoman.indonetwork.co.id
http://siliwangi.blogs.friendster.com
http://garut0262.wordpress.com
http://garutleather.indonetwork.net





Kirim email ke