ka sadaya haturan.... rahayu...berkah salamet... Kang Oca, sim kuring keur ngalalana di tatar bandung keneh, tempatna aya di Lembang, samalih sababaraha waktos kapengker Kang Nucinta sareng rerencangan nana Kang Samsi dugi ka tempat panganjrekan di daerah Pangrajian Lembang... manjang gening akang duduluran teh... teu di milist teu di darat... *eta pedaran ti sadayana ngeunaan kujang katampi pisan ku simkuring* anu utami ngeunaan liang, he he he 99 x wae yeuh ?
ngalongok ka warung Tirta mah tangtos bade, utamina nyaketan desember ieu da eta barudak mahasiswa UPI anu aya di panganjrekan teh gening oge kenal kana aktifitas kisunda, kalender kalasunda sssrd, visual anu bade diangkat jigana mah nu tilu heula kangge tatanen, kang Oca tong sindir sampir ka sikuring, resep kana kasundaan can gaduh kujang, visualna heula weh ayeuna mah... simkuring ayeuna fyur ngalukis di Lembang, neda piduana mugi tiasa janten sanggar utamina nu caket ka tangkuban parahu... da seueur turisna....(nu resep kana kasundaan... he he he 99x deui bae...) pami Kang Oca aya wakos, diantos ayeuna-ayeuna, meungpeung nembe kenging order, he he he 33 x kitu ? mangga atuh kujang... eh rampes... On Mon, Nov 3, 2008 at 1:01 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > kmn wae, gan Eminx????.... > asa sararono yeuh... > iraha ngalongok ka warung pojok tirta? > > perkara kujang wapak(anu make lapad)... > jelas ti abad 'anyar' da kujang mah estuning pra islam... > malah agemanna pra hindu khaaaan? > > ari masalah liang....? > gumantung anu orderna... > variasi pamadegan, ngeunaan fungsi liang(nu geus kapanggih): > 1. tempat racun...keur maehan gancang > 2. tempat 'batu permata" keur assesori > 3. paragi noong bentang, keur tatanen > 4. ukuran jabatan...liang opat, upamana.. jendral > 5. ukuran palsapah, liangna 5 misal panca dria jst > 6. bebas sakahayang nu order atwkrativitas si Empu > luyu jeung ilham/wangsit dina ritual rek nyieunna... > eta liang aya anu ngarendeng oge nu ancal2an > uin resep ngulik kujang tapi teu boga kujang... > he33x! > ...oca tea... > > > --- On *Sun, 11/2/08, eminx <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > From: eminx <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [kisunda] KUJANG > To: [email protected] > Date: Sunday, November 2, 2008, 9:17 PM > > > eta tina sapalih katerangan kujang teh aya anu > dirajah ku kaligrafi arab, naha aya pergeseran anu terjadi ? > sareng deuih dupi nu pangawalna di design ku karuhun teh anu< kumaha ? > simkuring nuju nyobian ngangkat visual kana kanvas > lodaya anu ngajagi hiji kujang, ngan rada mandeg dina ngeusian kumaha > ornament anu didamel ku karuhun ti anggalna, > > Kang Kang ROCHE, dina design bross merchandise > kujang anu didesain ku Kang Roche teh liangna aya 5, > sawatara aya 3, eta maksadna kumaha > > > hatur sembah...nuhun... > > On Mon, Nov 3, 2008 at 4:54 AM, richadiana kartakusuma < > [EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> adang anu baong, >> KUJANG teh aya falsafahna... naon margina dipilih janten IKON urang >> SUNDA... teu samanea... janten teu kenging dikira2 ku kirata basa... teu >> kitu... apa eta teh sanes ukur pakarang kanggo ngabela diri hungkul tapi oge >> kanggo ngolah kahirupan >> ina mertelakeunana oge ... kujang mah teu ngaruksak teu ngarempak alam... >> istuning ngahiji kana taneuh ... ngaguar gdadampal indung.... ku simbol >> ngaseuk ... nyacar jsbn. >> >> Janten upami palay uninga... dipihartos heula JIWA KUJANG teh (alsafah, >> latar belakang margina dipilih) ku KARUHUN SUNDA >> >> Tabe pun >> AMBU >> >> ------------------------------ >> *From:* Agus Pakusarakan <[EMAIL PROTECTED]> >> *To:* US Baraya Kisunda <[EMAIL PROTECTED]>; US kisunda < >> [email protected]>; [EMAIL PROTECTED] >> *Sent:* Monday, November 3, 2008 11:21:00 AM >> *Subject:* [kisunda] KUJANG >> >> Sampurasun nun.... >> >> wadya balad sakabeh... cing sarebutkeun naon ari nu disebut KUJANG? >> naha KUJANG teh pusakan urang >> atawa ukur Tugu DI Bogor >> atawa KUJANG teh ukur hartian Ku Ujang >> >> ditungguan kanyaan aradika perkasa KUJANG iyeu.. >> >> jeung Naon bedana KUJANG nu warna Koneng Jeung Kujang Warna Hideung >> >> >> >> Agus Pakusarakan >> >> +62812 8377 662 >> +62818 0617 0432 >> >> -------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------- >> http://garutleather.com >> http://azzoman.indonetwork.co.id >> http://siliwangi.blogs.friendster.com >> http://garut0262.wordpress.com >> http://garutleather.indonetwork.net >> >> <http://bikinduit.com/?ref=azzoman> >> >> >> >> > > > -- > ES > ars long vita brefis > > > > -- ES ars long vita brefis
<<ap.jpg>>
