kuring kungsi ngobrol jeung mang ... urang cikadu, kanekes (ngaranna aduh
hilap).

"mang ari di ditu aya kujang?"
"euweuh"
"ari eta paranti nyacar huma naon?"
"oo eta mah... kujang!" bari ngaheheh...

sejen waktu kuring kungsi ditingalian ku kang maki, pupuhu kampung budaya
sindangbarang, hiji kujang meunang nimu manehna ti sabudeureun desana di
pasireurih, bogor. wandana sederhana, teu loba arula arileu, persis jiga
parang kiwari. cek nu nyaho mah eta teh kujang nu baheulana diparake ngahuma
ku urang pajajaran...

nu jadi pertanyaan ti iraha model kujang jadi loba? ti iraha kujang jadi
pakarang perang? jeung ti iraha kujang jadi simbol sunda?

On Mon, Nov 3, 2008 at 12:17 PM, eminx <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   eta tina sapalih katerangan kujang teh aya anu
> dirajah ku kaligrafi arab, naha aya pergeseran anu terjadi ?
> sareng deuih dupi nu pangawalna di design ku karuhun teh anu< kumaha ?
> simkuring nuju nyobian ngangkat visual kana kanvas
> lodaya anu ngajagi hiji kujang, ngan rada mandeg dina ngeusian kumaha
> ornament anu didamel ku karuhun ti anggalna,
>
> Kang Kang ROCHE, dina design bross merchandise
> kujang anu didesain ku Kang Roche teh liangna aya 5,
> sawatara aya 3, eta maksadna kumaha
>
>
> hatur sembah...nuhun...
>
>
> ,_._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke