naaa adang ngan napsu bae nu digugulung teh apan milis ieu teh silih pihanean sami2 urang SUnda...na kunaon gamparan teh
apan dang Agus roche "baong" sagala dipadu ku "gonjak". pedah bae panginten ari di dieu mah pami nyarios teu katingal "PAROMAN"na... geura pami papayun-payun mah.... moal dugi ka emosi .... cing atuh dang Paku.... pan urang teh tunggal sadulur keneh....ongkoh deuih tujuasn MILIST ieu teh kanggo sami2 anu resep ngawangkong... teu kdah diganda ku emosi adang... abdi oge sok genah kasigeung... ari tutunggalna tos mihape mah... nya rineh bae... atosan....akur biasa. Hapunten nya adang! sanes ngabejaan bulu tuur....ngan meni asa ngaheab panas hate adang teh.... hampura ingsun Tabe pun AMBU ________________________________ From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, November 4, 2008 11:24:29 AM Subject: Re: [kisunda] Re: Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA > From: Agus Pakusarakan > ayeuna mah nafsi2 we.. kuring keukeuh kana ageman nu kuring di cekeul > al-qur'an jeung hadist > salira bade kana filsafah jeung famikiran fulsuf oge nya mangga teu > langkung eta mah.. Naha atuh ari nafsi-nafsi mah, Kang Agus make nuduh kuring JIL, teu Islami, mamatahan kuring KUDU INSAF, boh postingan di Kisunda atawa di Kusnet, pedah kuring boga pamadegan sejen? Jeung deuih kuring teu ngaharamkeun nyandung, teu wani Kang, kuring mah lain ulama. Tapi ukur nyebutkeun nyandung teh kalakuan euweuh manfaatna, malah bisa mamala, sabab memang faktana kitu. Satuju pisan nafsi-nafsi, urusan kuring jeung Nu Maha Kawasa mah, urusan kuring sorangan, moal diwakilkeun ka kang Agus! Pedah kuring sok forward tulisan Goenawan Muhammad atawa Jallaludin Rakhmat? Punten Kang, GM teh sastrawan, tulisanana ngeunah dibaca, loba keur lenyepaneun, kuring resep tulisan GM ti taun akhir taun 1970'an keneh, ti saprakna kuring mahasiswa. Oge tulisan Kang Jalal, kuring resep. Naha teu meunang kuring babagi jeung nu sejen nu sakaresep di millis Sunda? Naha millis Sunda teh eusina kudu DAKWAH wae, terus nu sejen ngareply: "Amin ...amin ...amin", geus weh? Ceuk si Ambu mah "Open mind" lah, jeung nu leuwih penting deui mah "IQRA....Iqra. ...baca ...baca", supaya wawasan urang kabuka ...... Baktos, WALUYA
