wah, kg Waluuuuy...
naaaaa mani sa-hobi yeuh, maca-maca  GM jg JR teh...???

nyaeeeeeta ath kg AgusPaku....
enya panuuuju....sami2 ngaku nyepeng QRN srg HDT...
tapi eeeeta ,
uin kataji ku  ayat Lakum diennukum waliyaddien!
hal yang sangat wajar dina perbedaan interpretasi mah...

moal kaget dina Islam aya madzhab2, aya aliran2 torekat,
aya anu nk beda masjidna....teu laaaangkung kan?

uin gen moal kaaaget, upm ningali anu ngaku Sunda Wiwitan...
aya SWBaduy, ayaSWCirebon, aya SWGaluh, jrrd
.......biaaaaasa saja toch?
tapi naonna atuuuuuh nu bisa meungkeutkeun tatali batin US teh?
boga keneh........ niat rek ngamajukeun US?
ulah make cara/metoda pendekatan agaaaaaama atuh....
anggap we agama mah keur sadirieun beeeee...
naaaaha teu bisa make rasa.....
yen aing boga bangsa...Sunda!
yen aing boga getih....Sunda!
yen aing boga basa...Sunda!
naha teu biiiiisa?
cag!

he33x!
....oca tea...




--- On Mon, 11/3/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA
To: [email protected]
Date: Monday, November 3, 2008, 8:24 PM

> From: Agus Pakusarakan
> ayeuna mah nafsi2 we.. kuring keukeuh kana ageman nu kuring di cekeul 
> al-qur'an jeung hadist
> salira bade kana filsafah jeung famikiran fulsuf oge nya mangga teu 
> langkung eta mah..

Naha atuh ari nafsi-nafsi mah, Kang Agus make nuduh kuring JIL, teu Islami, 
mamatahan kuring KUDU INSAF, boh postingan di Kisunda atawa di Kusnet, pedah 
kuring boga pamadegan sejen? Jeung deuih kuring teu ngaharamkeun nyandung, 
teu wani Kang, kuring mah lain ulama. Tapi ukur nyebutkeun nyandung teh 
kalakuan euweuh manfaatna, malah bisa mamala, sabab memang faktana kitu. 
Satuju pisan nafsi-nafsi, urusan kuring jeung Nu Maha Kawasa mah, urusan 
kuring sorangan, moal diwakilkeun ka kang Agus!

Pedah kuring sok forward tulisan Goenawan Muhammad atawa Jallaludin Rakhmat? 
Punten Kang, GM teh sastrawan, tulisanana ngeunah dibaca, loba keur 
lenyepaneun, kuring resep tulisan GM ti taun akhir taun 1970'an keneh, ti 
saprakna kuring mahasiswa.  Oge tulisan Kang Jalal, kuring resep. Naha teu 
meunang kuring babagi jeung nu sejen nu sakaresep di millis Sunda?  Naha 
millis Sunda teh  eusina  kudu DAKWAH wae, terus nu sejen ngareply: "Amin 
....amin ...amin", geus weh?

Ceuk si Ambu mah "Open mind" lah, jeung nu leuwih penting  deui mah 
"IQRA....Iqra....baca ...baca", supaya wawasan urang kabuka ......



Baktos,
WALUYA









------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke