Sampurasun.....

moal lami deui, urang salaku warga negara Indonesia baris mayunan pemilu sareng 
pilpres.
cobi kumaha tanggapan kadang wargi, din nyikepan pamingpin urang teh, naha kudu 
atawa tos wayah ti urang etnis Sunda, atanapi teu acan?
hartosna, naha perlu ku urang Sunda atanapi teu kudu ku urang Sunda? naon 
kepentingan kudu ku urang SUnda atawa teu kudu ku Urang Sunda?

nu kasawang ku sim kuring misalna, bongana urang aya di mailist kasundaan, sok 
pada arajrih jeung pada-pada miharep yen jaga Sunda nanjung deui. tapi naona? 
budayana, masarakatna, ajen inajen jatidirina, sistem politik, senina atawa 
naona? mun tea mah urang Sunda manggung, kira-kira naon nu jadi gede 
pangharepan pikeun nyalametkeun bangsa, atawa mawa "parahu kabangsaan" urang nu 
Bhinneka Tunggal Ika ieu kahareupna? komo nalika mangsa kiwari, ekonomi 
karakyatan "morat-marit", rahayat cenah balangsak, leuweung beak, sagara 
ruksak, sapopoe dina kalawarta jeung tipi teh nga guntreng jeung guntreng we 
diperhatikeun teh, gara-gara pabener-bener paham idologi, konflik antar 
kelompok jeung sajabana. geus puguh pangrudetna mah nengetan kasus korupsi 
mulai ti somah, pamarentah, Kiyai, tokoh kasundaan, jeung tokoh-tkoh wakil 
rahayat jeung sajabana, jadi weh aya nu disebut "budaya korupsi" sanajan 
istilah eta salah kaprah. da mun nyoko kana istilah akademismah
 budaya mah patula-patalina jeung hal-hal nu dumasar kana "budi-dayana" salaku 
manusa nau medalkeun hal-hal alus, sabab didasaran ku "budi"-elemen organ 
pamikiran anu jeroo nu dumasar kana dasar kamanusaan.

sigana, urang, salaku urang sunda anu tangtuna mibanda kaluhungan budi jeung 
daya anu hade turta jembar, mudu mikirkeun kana masalah kabangsaan ieu. mun 
perlu urang kudu bisa jadi pioner tina memeres masarakat jeung maslah 
kabangsaan ku cara nu kadada kaduga ku pada -pada urang dina kaparigelan jeung 
wikekana masing-masing. malah mandar mun bisa mah hayu urang ngakurkeun 
batur-batur atawa dulur-dulur anu keur gontok-gontokan tina parebut paham, 
idologi, parebut kapentingan politik, diskriminasi kawijakan aturan jeung 
rea-rea deui. sacara sajarah da buktina karuhun geus mere cono jeung ngawaris 
"sistem aturan atau warisan budaya" luhung nu bisa dilarapkeun di mangsa 
kiwari. atuh dina mangsa abad kadieuna keun urang ningal sajarah yen para 
pendiri bangsa oge seueur anu medal ti bumi tatar Sunda, atawa diajar ti elum 
nu aya di tatar Sunda. 

pimanaeun atuh urang nepi ka bisa ngadamel hiji rekomendasi ti "urang sunda" 
salaku bagean "anak bangsa" anu bisa dititipkeun ka sakumna saha bae nu bakal 
jadi pamingpin bangsa ieu jaga, misalna:
1. sing saha wae pamingpin RI kudu anu bisa ngajamin kaakurrukunan sakumna 
warga bangsa anu multi etnis jeung multi religi
2. sing saha wae nu deuk jadi pamingpin RI kudu anu ngarti kana dasar-dasar 
nilai juang kabangsaan anu dumasar kana budaya bangsa
3. sing saha wae nu bakal jadi pamingpin RI geus untup elmu kamanusaan anu geus 
kabukti gaduh akhlak atawa laku lampah nu hade tur berbudi luhur, dipikawanoh 
ku balarea jeung bela ka bangsana
4. pamingpin RI jaga anu boga dasar pamikiran anu maju atawa progresif tapi teu 
leupas tina tatapakan kabangsaan anu Bhinneka Tunggal Ika
5. Pamingpin RI jaga anu boga sikep teu gampang kapangaruh ku harta, tahta, 
wanita, pulitik nagara batur jeung panceg dina Ideologi Panca Sila
6. Pamingpin RI jaga kudu ngarti jeung awas permana tinggal ku soca lahir 
sareng bathina, santik, telik turta terdidik  bumela ka rahayat leutik,  miara  
rahayat jeneng ngarah ngokolakeun maranehna  tulung tinulungan ka balarea
7. Pamingpin RI jaga,  bisa  nandon  sikep  nyaah ka  alamna,  deudeuh ka 
rahayatna mikukuh  tunda talatah luluhur bangsana pikeun kajembaran  INDONESIA  
= INISOENDA nu samuduna nyaeta NUSANTARA (Asia Tenggara / ASEAN)

upami dikpesek dipanjangkeun tangtosna janten makalah ieu teh, mung samentawis 
sakitu heula, etang-etang atanapi mugia tiasa janten panghudang kamandang 
balarea dina padungdengan mangsa kiwari pikeun supagi..prak !!!


tabe pun,
rampes

*R*K*K*


      

Kirim email ke