Sarabunis Mubarok MA ÉROH
pacul jeung balincong ngoetan gawir kaléreun galunggung awéwé tengah tuwuh manteng ibadah na cadas-cadas kanyaah cucuk rungkang melak tatu tepus jeung areuy silih siku angin sawarga ngahayu-hayu hiji walungan di bumi malidkeun késang ka langit meruhkeun saban kasakit salambar nyawa basajan jadi huluwotan kaikhlasan sungapan nasib kamanusan manghéktar sawah guligah nuwuhkeun mangpirang binih lebah haté nu pinuh kaasih ma éroh anjeun pajoang sajati waliyullah kakasih bumi Singaparna, 2008 Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
