Ngiring mairan Bah
mairan anu rada hampang we ...
Kean Santang (KS) nurutkeun catetan anu dipercaya (naskah wangsakerta, dongeng jeung carita caruban)
eta teh aya .....
Anak Prabu Siliwangi (Pamanah Rasa/Jaya Dewata) jeung Subang Larang (agamana Islam)
Dina kabeh carita euweuh nu nyebutkeun KS teh merangan Siliwangi
komo ngudag ngudag mah
Ngan anu dicaritakeun teh kieu ....
Baheula Kean Santang diangkat jadi pingpinan palabuhan Cirebon dibere gelar Cakrabuana
Saanggeus jabatan kapala Cirebon turun ti Kean Santang ka Incuna (Sunan Gunung Jati)
SGJ menta misah ti Pajajaran ..... harita can aya perang
Teruuuus taun-taun berikutnyah ...... lantaran aya Potugis di Kalapa
Anak SGJ (Saba Kingkin ti Banten) jeung minantuna (Fatahillah) nyerang Kalapa
ti harita Banten jeung Pajajaran getreng
Pasukan Anak Saba Kingkin (Sultan Yusuf) anu ngelehkeun Pajajaran/Siliwangi terakhir
Siliwangi terakhir teh Prabu Surya Kancana/Nusya Mulya/Raga Mulya
jadi euweuh nu ngudag-ngudag Siliwangi (ceuk kuring)
ngan maranehna teh perang
ari perang jaman beheula pan "fair", pa hareup-hareup
soal meunang atawa eleh, nya kumaha nasib
Soal Kean Santang ngarana Kin San ... kuring teu percaya
euweuh bau-bau na urang jauh, Kean Santang mah Indung Sunda bapa Sunda
On Mon, Nov 10, 2008 at 1:40 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
<roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
hampura...katutuluy an ngaran.... raden Patah(al fath, kemenangan?) ...alias JIN BUN.. make ngaran Arab/Islam? ari pagawean?, ngarusak Islam, memecah belah mengadu domba, nyuguh awewe Cina ka pajabat UJ harita... da angger beee misina mah dagang...! memang dina caritana , manehna meunang, boga kakawasaan! nepi ka aya carita anu ngudag2 sabari rek maehan PrbSLW mun teu asup Islam... ngaranna kean Santang...alias KIN SAN....,eta carita sumebar, lain lalawora... kean santang eh cenah anakna prbslw? sok sanajan can tangtu jalmana aya....da direka jadi carita tea... what's is a name...mengandung makna dari kata..... unjuk sumaaaangga. ..emutaneun. .. he33x! ...oca tea...
--- On Sun, 11/9/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
|