Kang Mubarok,Nepangkeun abdi pun ilen kardani, satuju pisan kana komentarna wirehna seueur mitos anu sumebar di pasundan anu dianggo kanggo islamisasi kujalan ngapeskeun kaluhungan karuhun Sunda, eta salah sawiosna carios diajar nyabut iteukna Bagenda Ali sareng nyiuk cai ku ayakan Nabi Muhammad.
At 08:34 PM 11/10/2008, Sarabunis Mubarok wrote:
Lian ti Kiansantang, Prabu borosngora oge kacarioskeun pendak sareng Sayidina Ali. Cariosna persis, mung beda tokoh. Masyarakat boga argumen rupa2 kana eta carita rakyat. Sawarehna nganggap mustahil kajadian, lantaran ceuk talungtik mangsa pamohalan, da beda zamanna Ali jeung Kiansantang atw Borosngora leuwih ti 600taun. Sawarehna deui nganggap bener2 kajadian, boh nu percaya papanggih secara lahir, bari versi saha nu dimaksud Ali-na beda2, boh nu percaya panggihna sacara imajiner di alam batin. oge rea2 deui argumen sejen.Ku kitu ku kieu, ieu carita rakyat teh geus jadi mitos nu ngabentuk sawarehna arsitektur kahirupan masyarakat baheula, marengan sumebarna agama Islam di tanah Sunda, atawa bisa jadi ieu mitos teh salasajihi pemicu islamisasi di tanah sunda. Kumaha hiji masyarakat diwengku ku mitos, bari nu dimitoskeunana mangrupakeun tokoh2 Sunda nu dipihormat, dipupusti, diteladani. Ieu bisa jadi salah sahiji jurus pikeun pada daek narimana urang Sunda kana Agama nu anyar datang. Sanajan daek-henteuna kana narima ajaran Islam jaman harita teh, can tangtu alatan eta mitos.Salam, Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
__________________________________________________ ILEN KARDANI Drilling Services Manager Schlumberger Drilling & Measurements 16 Floor, Rohas Perkasa No.8 Jalan Perak 50450 Kuala Lumpur Malaysia Tel: 60 (3) 2166 7788 DID: 60 (3) 2169 4180 Fax: 60 (3) 21667100 Mobile: 60 (12) 2516485 mailto:[EMAIL PROTECTED]
<<inline: 2d5685f.jpg>>
