Mani seueur versina sajarah sunda teh, dalah naskah kenging pangeran 
wangsakerta oge masih jadi kontroversi validitasna. Sajarah jeung carita pantun 
nu diwawaas campur-campur. Rada hese ngabuktikeunana. Najan kitu rada hese oge 
nganggap dhoif, geus napel pageuh dina kayakinan masyarakat.

Ngan paling henteu, urang sunda geus berusaha teu mopohokeun karuhunna, najan 
ku deungeun loba nu teu diaku alatan kurangna bukti. 


Salam,
Sarabunis Mubarok___________ Singaparna


----- Original Message ----- 
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja 
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, November 11, 2008 8:36 PM
Subject: Re: [kisunda] What is a NAME... Kean santang


      leres, saur saha beurat Gan Iman....lan baraya sadaya....
      eta carita ngudag2 bapana,, tos sumebar, komo di pakidulan...
      sanes percaya atw hanteuna uin mah...
      mung kunaon eta dongeng fitnah mani jadi dongeng sapopoe di wilayah eta 
teh?
      leres pisan  Sri Mangana Pangeran Cakrabuana alias ki 
Cakrabumi,aliasSamadullah, alias H.Abdullah Iman, alias Embah Kuwu Sangkan, 
alias WalangSungsang teh pendiri Nagaragheng/agung Islam Pakungwati di Cirebon, 
rakana Nyi  Larasantang.
      Saparantos embah Kuwu nyepeng kl 30 taun di Pakung wati, 
      dipasrahkeun ka suwanna Syarif Hidayat,  saterasna SH kaluar ti 
'Commonwealth Pajajaran' terus gabung sareng armada Rd Patah cs.ti Demak 
neraskeun perjuangan da'wah Islam, gabung sareng Banten, terakhir srg Maulana 
Yusuf kggo NYERBU ka PAJAJARAN, anu harita dicepeng ku RagaMulya, PAJAJARAN 
DIBUMIHANGUSKEUN!
      --------cut------- 

Kirim email ke