Tabe pun Sampurasun...

manawi ay nu tiasa medar atanapi mesek siloka atanapi uga-uga nu dimaksad ieu :
1. nu kumaha nu disebat tapa dinu caang atanapi nyumput buni dinu caang? naon 
maksadna  siloka eta, pan ari buni tapi katohyan mah atuh ge teu tapa atanapi 
nyumpu deui?
2. naon nu dimaksad kebo mulih pakandangan? kumaha upami dilarapkeun ka mangsa 
kiwari parantos aya?
3. naon margina siloka-siloka dina carita pantun jarang dipedar ku urang sunda 
kiwari? pamali, teu resepeun, dilarang, teu arapaleun, teu penting atanapi 
kunaon?
4. kinten-kinten mangsa kiwari, upami dina uga sunda aya dina siloka uga nu 
kumaha? 

samentawis sakitu heula.

hatur nuhun kana pamedak ti sadayana.
cag.
rampes

*R*K*K



      

Kirim email ke