pamanggih kuring mah kieu: manawi ay nu tiasa medar atanapi mesek siloka atanapi uga-uga nu dimaksad ieu : 1. nu kumaha nu disebat tapa dinu caang atanapi nyumput buni dinu caang? naon maksadna siloka eta, pan ari buni tapi katohyan mah atuh ge teu tapa atanapi nyumpu deui? =>kuring boga jawaban, ngan "bisi bener" engke matak bedo/camal/kayahonan anu nyumputna padahal susumputanana acan lekasan. lamun enya aya anu keur susumputan, nyumput buni dinu caang tangtuna hiji taktik/strategi anu lantip keur ngawujudkeun cita-cita atawa tujuan anu nyumput tea. keun bae atuh anu nyumput ulah digareuwahkeun bisa aya mamalana. ba.... kekok... he, he, he...
2. naon nu dimaksad kebo mulih pakandangan? kumaha upami dilarapkeun ka mangsa kiwari parantos aya? =>ieu statement sifatna nunjukeun hiji proses, jadi ieu mah jigana moal aya akhirna. anu jadi masalah kumaha lamun aya kebo balik teu diaku ku anu ngajaga kandang kulantaran kebona salin jinis.... terus tukang jagana teu apaleun kana tanda-tanda kebo anu rek mulang. 3. naon margina siloka-siloka dina carita pantun jarang dipedar ku urang sunda kiwari? pamali, teu resepeun, dilarang, teu arapaleun, teu penting atanapi kunaon? =>kudu dirobah cara tablegna, nyesuaikeun kana karesep jeung waktu anu jadi audience/objek tableg. 4. kinten-kinten mangsa kiwari, upami dina uga sunda aya dina siloka uga nu kumaha? =>ari pupuhu, sapertos Kang Rahyang Kujang Kahiji (ERKAKA) mah atuh tangtosna ge tos ngaraos, da aya totondena... he, he, he.. sok der ah geura dingawitan mantuna, mani tos teu sabar yeuh.. samentawis sakitu heula. hatur nuhun kana pamedak ti sadayana. cag. rampes *R*K*K ----- Original Message ----- From: rahyangkujang To: [email protected] Sent: Monday, November 10, 2008 5:06 PM Subject: [kisunda] Nafsirkeun UGA Sunda .
