1. Nyumput di nu caang hartosna urang ulah ngatarkeun teuing jati diri urang,
urang kudu bisa kabula ka bale ngayunkeun kahayang batur, ulah gancang teuing
ngabuka kabisa urang nu ngan saeutik; keun we si na batur heula nu maju; mun 
urang
rek nyieun "gerakan" misalna. ulah kaciri yen urang nu ngagerakkeun, keun we 
nungguan
batur heula si na nyoara, urang mah kudu api api teu apal we ka na eta gerakan 
teh,
padahal urng pisan nu ngahucuhkeunana, tapi bari tu aya nu apaleun.
Ieu teh elmu para INTEL. sareng Detektive. 
Ampir sami tapi benten konotsina nya eta lempar batu sembunyi tangan tea.
Larapna ieu nyumput di nu caang, kedah nu positif; sedengkeun lempar batu 
sembunyi
tangan mah, elmuna para PROVOKATOR
 
2. Kebo mulih pakandangan, jelema nu geus lila ngumbara, balik deui ka lemburna
 
3. Hehehehe, tuda pantunna oge ayeuna mah ampir musna
 
4. Duka teh teuing atuh, nu ieu ma, da Mung Gusti Nu Mha Suci nu Uninga
 
Mangga

--- On Mon, 11/10/08, rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Nafsirkeun UGA Sunda
To: [email protected]
Date: Monday, November 10, 2008, 9:06 AM










Tabe pun Sampurasun.. .

manawi ay nu tiasa medar atanapi mesek siloka atanapi uga-uga nu dimaksad ieu :
1. nu kumaha nu disebat tapa dinu caang atanapi nyumput buni dinu caang? naon 
maksadna  siloka eta, pan ari buni tapi katohyan mah atuh ge teu tapa atanapi 
nyumpu deui?
2. naon nu dimaksad kebo mulih pakandangan? kumaha upami dilarapkeun ka mangsa 
kiwari parantos aya?
3. naon margina siloka-siloka dina carita pantun jarang dipedar ku urang sunda 
kiwari? pamali, teu resepeun, dilarang, teu arapaleun, teu penting atanapi 
kunaon?
4. kinten-kinten mangsa kiwari, upami dina uga sunda aya dina siloka uga nu 
kumaha? 

samentawis sakitu heula.

hatur nuhun kana pamedak ti sadayana.
cag.
rampes

*R*K*K

 














      

Kirim email ke