AA: Alhamdulillah, tah nu sok nganalisa ayat, nu sok pikaresepeun mah. Nuhun pisan kang sarabunis nu mubaroq. Mudah2an kenging barokah. Iqra bis mi Rabbika'lladzii Khalaq hartos sajalantrahna = baca ku Jenengan (ku asma) Rabb maneh Anu Maha Nyiptakeun. Muhammad Saw : "Kumaha Gusti maosna, da abdi mah bodo balilu" dugi ka tilu kali. Jebul na Bismillahi Rabbil 'Alamiin. Lantaran naon ? Waktos Nabi sering munajat ka Gusti Nu Maha Suci di Guha Hira, Kanjeng Nabi teh nyunyuhunkeun ka Gusti Allah : "Gustiii, abdi teh nyaah ka dulur2 abdi, kolot2 abdi, baraya2 abdi, sareng bangsa abdi nu teu terangeun ka Anjeun, abde rada wanoh ka Gusti; tapi nu sanesna mah henteu. Cing kumaha Gustiii ? Naha abdi tiasa ngadakwahan ka maranehna sadaya ? Da abdi teh nyaah ka maranehna teh ?" Seug atuh , jung maneh dakwah ( ieu mah teu katulis, ngan tersirat tea ); tah memeh indit Dakwah, atawa migawe pikeun IBADAH, baca heula Bismillahi Ar Rahmaan, Ar Rahiim. Tah ieu parentah Iqra bismi Rabbika Alldzii Khalaq teh, realisasina nya eta Bismillahirahmaanirrahiim tea. Lantaran ta teh sanada . Khalaq = Ar rahmaan, Ar Rahiim Ar Rahmaan = anu nyadiakeun fasilitas ka sadaya manusa; nya eta Alam semesta(jagat raya); ditambil alat kanggo ngalolana nya eta leungeun, suku, panon, sareng BRAIN anu luar biasa sste.( mangga aos Surat Ar Rahmaan di na Qur'an ) Ar Rahiim = guidance, pituduh kumaha cara cara na kumaha ngelola fasilitas tadi duanana sa nada sareng Al Khaliq = Maha NYiptakeun. ( ieu ka nu Ditunjuk Ku Allah ) ( nu mawi jalmi teu tiasa sadayana ka na Elmu Allah )--->>> tapi aya jalmi nu tiasaeun sareng tiasa ngajar ka jalmi nu daek diajar, jeung ngagunakeun akalna. Janten Parentah munggaran ti Gusti Allah, sing saha jalma nu rek ngamimitian ibadah baca heula Bismillah tadi, nu mawi ayat awal teh nyeta Iqra bismi Rabbikalladzii Kholaq. Bilih panjang teuing dugi ka dieu we tapsiran, lntaran sakeresna bahsanana panjang, tias pakuat pakait sareng ayat sanesna. Tarjamahna Pondok, tapi tafsiran sareng bahasanana lega pisan ambahanana; sakapeung hiji ayat kedah dijelaskeun ku ayat sanesna. Billahi Taufiq wal hidayah Wassalamu'alakum warahmaatullah. Abbas min
--- On Mon, 11/10/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] masalah taqdir To: [email protected] Date: Monday, November 10, 2008, 10:32 AM Al Quran Surat Al-Gasyiah 17-20: ” Maka apakah mereka tidak memperhatikan unta bagaimana dia diciptakan?" .... Ku ieu ayat Allah tos miwarang manusa supaya maca kahirupan onta. Onta teh sato nu hirupna diatqdirkeun kudu menempuh perjalanan jauh. Maka onta mekelan dirina ku cai dina punukna. Salengkah-salengkah kalawab tenang onta ngaliwatan mangpirang tempat, mangpirang gurun, rewuan mil jauhna, saumur hirupna. Keur perjalanan jauh, onta wae geus nyiapkeun bekel dina punukna. Bekelna lain duit, lain perak, lain emas. Tapi cai, sabab ngan cai nu dibutuhkeun keur perjalanan jauhna. Kumaha ari urang, manusa? keur perjalanan jauh ti ieu dunya teh, geus bebekelan naon? Boa-boa urang geus poho kana bekel naon nu sabenerna nu kudu di bawa ka alam jaga teh? Boa-boa katungkulkeun teuing ku ngungumpul dunya barana? poho kana sajatina bekel. Poho kana pelajaran ti onta, yen sajatina 'cai' nu dibawa ku onta teh sumber kakuatan keur nempuh perjalanan jauh jaga. Kulantaran manusa mah tukang poho, maka Alloh ngelingan ku firmanNa: "Afala yanduruuna ilal ibili kaifa huliqot?" Salam, Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna ----- Original Message ----- From: Abah Abdurrohman To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Sunday, November 09, 2008 10:06 AM Subject: Re: [kisunda] masalah taqdir Sampurasun Ambu, manawi aya lolongkrang, sim kuring seja ngahaturkeun cocoretan tahun 2000, harita bade di damel buku teu kabujeng.... . Ngeunaan bahasan Alam Semesta...mung dina bahasa Indonesia, aya opat bagian, mung bade nyobi digelar Bagian ka 1 sareng ka 2. Judulna : DIMANAKAH KINI KITA BERADA...? nyanggakeun sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu...... AMS DIMANAKAH KINI KITA BERADA? Oleh : H.A.M. Sastra, ME (2000) Bagian Ke 1 -----------cut- -------
