AA: hihihihi, sok atuh tarongton kadinyah.
Kapan Sunan Ambu nu bakal medrna oge; saha ari Guru Mindana nya ?
Resep tah ngupingkeun agama balik deui ka Jaman PURBA.
Tapi naha nya KARUHUN urang bet marilih ISLAM ???
Da pasti aranjeunna oge boga otak, di na narima Agama anyar teh;
moal bon narima kitu wae. Jeungna deui, euweuh pisan paksaan kapan 
arasup Islam teh, da meureun asup akal tea.

Tah mun urang balik deui ka agama Purba, atuh meureun Agama Baduy tea 
nya ? Naha uang Sunda didentikkeun sareng BADUY? 
Duka teh teuing atuh.

Meureun nu rada apal mah ahli anthropologi tea, tapi kudu netral 
Agama. 
Duka atuh lah.
Abbas Amin


--- In [email protected], engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sampurasun,
> 
> Para dulur kisunda miwah urang sunda. Simkuring bade bewara rehna 
dina malem salasa kliwon nu rek kasampeur ping 17 Nopember 2008 tabuh 
19.30 WIB, Ambu Richadiana bade manggung di Gedong Sasana Adirasa 
(Gedong Sambernyawa) Taman Mini Indonesia Indah Jakarta, dina raraga 
malem "Hanggara Kasih". Dina wengi eta Ambu bade medar yen memeh 
agama ti luar datang ka nusantara, luluhur urang geus mibanda 
kapercayaan/agama sorangan, jeung puncakna kabangkitan agama pribumi 
teh di jaman majapahit-pajajaran. Hal ieu dibuktikeun ku hasil kajian 
arkeologi.
> 
> Tah...kidulur, mun hanggara kasih bulan kaliwat gedong Sasana 
Adirasa - TMII digegerkeun ku pedaran kang Haris nu urang Sunda 
dihareupeun dulur-dulur ti seler Jawa, dina hanggara kasih bulan 
ayeuna, Urang Sunda deui nu deuk medar jeung pasti bakal ngagegerkeun 
deui gedong Sasana Adirasa, sabab bakal ngabuktikeun kalinuhungan tur 
ajen luluhur sunda. Buktina kamari poe senen waktu Ambu medarkeun 
garis wadagna dina rapat di Direktorat Kapercayaan, eeeh si Ambu jadi 
selebritis...euy.., pada nyalampeurkeun tur naranyakeun harayang 
apalleuwih jero.
> 
> Tah mun beuki loba urang sunda nu manggung di hareupeun mayoritas 
seler lian kalayan bisa ngabuktikeun kalinuhungan jeung ajen elmu 
kasundaan, didinya jigana bakal ngadorong leuwih gancangnna ajen 
tinajen kasundaan dipikareueus balarea. Sunda bakal jaya deui teh mun 
loba urang sunda nu tampil/manggung di balarea.
> 
> Ka dulur-dulur Sunda, simkuring ngajak hayu urang datang tur 
ngarojong manggungna Ambu Diana di Taman Mini. Mun aya niat hadir, 
carana gampang, jugjug bae ka Taman Mini, ke di pintu gerbang mun 
ditanya ku penjaga, bebeja bae rek ngahadiran acara Hanggoro Kasih 
(tempatna di Sasana Adirasa/Samber Nyowo), jadi abusna teu mayar, mun 
make mobil ngan  ditarik bayar parkir & asuransi Rp 3.000,-.
> 
> Tah kitu bewara simkuring, sakali deui bisi poho. Tempatna di Taman 
Mini Indonesia Indah Gedong Sasana Adirasa, tabuh satengah dalapan 
peuting (19.30 WIB).
> 
> Cag.
> 
> pun tabe pun,
> 
> Engkus    
> 
> 
>       
______________________________________________________________________
_____
> Dapatkan nama yang Anda sukai!
> Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan 
@rocketmail.com.
> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke