Bah Abas Amin, Ambu Dian teh panalungtik Badan Arkeologi Nasional, jadi nu
dipedarna oge tangtu tina kacamata ilmiah da memang widang/ kaahlian
anjeunna. Rarasaan mah teu kudu apriori kanu nalungtik kapercayaan buhun.
Salian keur kaperluan sajarah, oge, bade diaku atawa moal, pangaruhna ka
masyarakat jaman ayeuna aya keneh. Contona kapercayaan kana totonden.
Waktu Imam Samudera dieksekusi, pajarkeun di imah indungna meleber seungit
kembang, kitu deui di Tenggulun Lamongan pas layon datang, cenah aya tilu
manuk hideung kukurilingan di imah kolotna Amrozy. Tepika aya nu ngagorowok
: "arwahna para mujahid". Totonden meleberna seungit kembang jeung manuk
hideung nu kukurilingan leuwih nunjukkeun pangaruh kapercayaan lokal
tinimbang ti Islam. Jadi sanajan awong-awongan ngarasa Islam paling murni,
tapi tetep teu bisa nyumputkeun yen maranehna teh tetep keuna pangaruh
kapercayaan Sunda/ Jawa.
Nu kaduana, margi Bah Amin katingalina anggota enggal di kisunda, kisunda
rada benten jeung Kusnet, member kisunda langkung prural dina masalah
kapercayaan. Didieu aya Kang Engkus Ruswana, inohong kapercayaan minoritas
di Indonesia (kabeneran anjeunna batur saanggkatan kuring di ITB), aya Kang
Ira (lamun teu lepat mah dosen Antropologi Unpad) nu ti Cigugur Kuningan
sareng sigana aya nu sanesna nu kuring teu terang. Janten Bah AA ulah kaget
lamun aya posting-posting nu benten jeung "selera" mayoritas ......
Baktos,
WALUYA
----- Original Message -----
From: "abas_amin08" <[EMAIL PROTECTED]>
> AA: hihihihi, sok atuh tarongton kadinyah.
> Kapan Sunan Ambu nu bakal medrna oge; saha ari Guru Mindana nya ?
> Resep tah ngupingkeun agama balik deui ka Jaman PURBA.
> Tapi naha nya KARUHUN urang bet marilih ISLAM ???
> Da pasti aranjeunna oge boga otak, di na narima Agama anyar teh;
> moal bon narima kitu wae. Jeungna deui, euweuh pisan paksaan kapan
> arasup Islam teh, da meureun asup akal tea.
>
> Tah mun urang balik deui ka agama Purba, atuh meureun Agama Baduy tea
> nya ? Naha uang Sunda didentikkeun sareng BADUY?
> Duka teh teuing atuh.
>
> Meureun nu rada apal mah ahli anthropologi tea, tapi kudu netral
> Agama.
> Duka atuh lah.
> Abbas Amin
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/