garis badagnya, nu ku kuring nyaho mah sami sareng bah Oca
tapi kuring rek nambahan oge soal sajarahna nu kuring nyaho

Banten teh mangrupakeun daerah bawahan Pajajaran satingkat jeung Cirebon
lamun di cirebon dipingpin ku Kean Santang (lanceuk tere Surawisesa)
lamun banten dipingpin ku Surasowan, adi kandung Surawisesa
Anak Kean Santang (Pakungwati) dikawin ku Syarif Hidayatullah
Anak surasowan (Kawunganten) oge kitu
Syarif boga anak ti Banten ngarana pangeran Maulana Hasanudin
Hasanuddin boga anak ngarana Maulana Yusuf

Hiji waktu Nilakendra (incu Surawisesa) perang jeung Hasanuddin
Nilakendra eleh terus "terusir" dari istana
"alah prangrang, maka tan nitih ring kadatwan" (carita Parahyangan)
Anak Nilakendra nyaeta Nusya Mulya cicingna di Pulasari (Banten) lain di
Pakuan
tapi harita pasukan Banten can bisa asup ka istana Pakuan

Kulantaran ngarasa Nilakendra geus eleh
jeung deuih manehna mah turunan "asli" Jaya Dewata/Pamanah Rasa
(Jaya Dewata - Surasowan - Kawung Anten - Hasanuddin - Yusuf)
ngarasa boga hak atas tahta Pajajaran
nu matak Pakuan dirurug terus "Palangka Sriman Kancana" dibawa ka Banten
harita basa Pakuan di bumi hangus ... geus euweuh Prabu Siliwangi didinya

dina carita "Dewi Asri";
Pakuan terakhir (waktu dirurug) dipingpin ku Dewi Asri
nyaeta "Saudara sepupu" ti Nusya Mulya
aya geuningan dangding na dina papatet keur ngeling-ngeling dewi asri

Dewi Asri tanding leuwih, baraja inten gumilang
puputon sekar kadaton, pamidangan pajajaran
panyileukan sadayana .. turunan gunung gumuruh geuning ...
raratan salaka domas

Jadi nurutkeun kuring mah lamun nilik carita
segmen ancurna Pakuan teh pedah parebut tahta
da ari soal agama mah ...
nurutkeun Tome Pires ge .. geus loba Islam di Pakuan
komo deui cenah di daerah Cimanuk

cag heula ...


On Tue, Nov 11, 2008 at 9:44 PM, Sarabunis Mubarok <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    Mani seueur versina sajarah sunda teh, dalah naskah kenging pangeran
> wangsakerta oge masih jadi kontroversi validitasna. Sajarah jeung
> carita pantun nu diwawaas campur-campur. Rada hese ngabuktikeunana. Najan
> kitu rada hese oge nganggap dhoif, geus napel pageuh dina kayakinan
> masyarakat.
>
> Ngan paling henteu, urang sunda geus berusaha teu mopohokeun karuhunna,
> najan ku deungeun loba nu teu diaku alatan kurangna bukti.
>
>
> Salam,
> Sarabunis Mubarok___________ Singaparna
>
> ----- Original Message ----- *From:* Roza Rahmadjasa Mintaredja<[EMAIL 
> PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, November 11, 2008 8:36 PM
> *Subject:* Re: [kisunda] What is a NAME... Kean santang
>
>   leres, saur saha beurat Gan Iman....lan baraya sadaya....
> eta carita ngudag2 bapana,, tos sumebar, komo di pakidulan...
> sanes percaya atw hanteuna uin mah...
> mung kunaon eta dongeng fitnah mani jadi dongeng sapopoe di wilayah eta
> teh?
> leres pisan  Sri Mangana Pangeran Cakrabuana alias ki Cakrabumi,alias
> Samadullah, alias H.Abdullah Iman, alias Embah Kuwu Sangkan, alias
> WalangSungsang teh pendiri Nagaragheng/agung Islam Pakungwati di Cirebon,
> rakana Nyi  Larasantang.
> Saparantos embah Kuwu nyepeng kl 30 taun di Pakung wati,
> dipasrahkeun ka suwanna Syarif Hidayat,  saterasna SH kaluar ti
> 'Commonwealth Pajajaran' terus gabung sareng armada Rd Patah cs.ti Demak
> neraskeun perjuangan da'wah Islam, gabung sareng Banten, terakhir srg
> Maulana Yusuf kggo NYERBU ka PAJAJARAN, anu harita dicepeng ku RagaMulya,
> PAJAJARAN DIBUMIHANGUSKEUN!
> --------cut-------
>
>  
>

Kirim email ke