JEJEG TEGES PANCEG TUR BEDAS JATI LUMAKUNA wilujeng adang, gamparan, abdi reu-eus nu kieu pedaran informasi anu soheh teh....
wilujeng Tabe pun AMBU ________________________________ From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, November 12, 2008 9:40:47 AM Subject: Re: [kisunda] What is a NAME... Kean santang garis badagnya, nu ku kuring nyaho mah sami sareng bah Oca tapi kuring rek nambahan oge soal sajarahna nu kuring nyaho Banten teh mangrupakeun daerah bawahan Pajajaran satingkat jeung Cirebon lamun di cirebon dipingpin ku Kean Santang (lanceuk tere Surawisesa) lamun banten dipingpin ku Surasowan, adi kandung Surawisesa Anak Kean Santang (Pakungwati) dikawin ku Syarif Hidayatullah Anak surasowan (Kawunganten) oge kitu Syarif boga anak ti Banten ngarana pangeran Maulana Hasanudin Hasanuddin boga anak ngarana Maulana Yusuf Hiji waktu Nilakendra (incu Surawisesa) perang jeung Hasanuddin Nilakendra eleh terus "terusir" dari istana "alah prangrang, maka tan nitih ring kadatwan" (carita Parahyangan) Anak Nilakendra nyaeta Nusya Mulya cicingna di Pulasari (Banten) lain di Pakuan tapi harita pasukan Banten can bisa asup ka istana Pakuan Kulantaran ngarasa Nilakendra geus eleh jeung deuih manehna mah turunan "asli" Jaya Dewata/Pamanah Rasa (Jaya Dewata - Surasowan - Kawung Anten - Hasanuddin - Yusuf) ngarasa boga hak atas tahta Pajajaran nu matak Pakuan dirurug terus "Palangka Sriman Kancana" dibawa ka Banten harita basa Pakuan di bumi hangus ... geus euweuh Prabu Siliwangi didinya dina carita "Dewi Asri"; Pakuan terakhir (waktu dirurug) dipingpin ku Dewi Asri nyaeta "Saudara sepupu" ti Nusya Mulya aya geuningan dangding na dina papatet keur ngeling-ngeling dewi asri Dewi Asri tanding leuwih, baraja inten gumilang puputon sekar kadaton, pamidangan pajajaran panyileukan sadayana .. turunan gunung gumuruh geuning ... raratan salaka domas Jadi nurutkeun kuring mah lamun nilik carita segmen ancurna Pakuan teh pedah parebut tahta da ari soal agama mah ... nurutkeun Tome Pires ge .. geus loba Islam di Pakuan komo deui cenah di daerah Cimanuk cag heula ... On Tue, Nov 11, 2008 at 9:44 PM, Sarabunis Mubarok <sarabunis2008@ yahoo.co. id> wrote: Mani seueur versina sajarah sunda teh, dalah naskah kenging pangeran wangsakerta oge masih jadi kontroversi validitasna. Sajarah jeung carita pantun nu diwawaas campur-campur. Rada hese ngabuktikeunana. Najan kitu rada hese oge nganggap dhoif, geus napel pageuh dina kayakinan masyarakat. Ngan paling henteu, urang sunda geus berusaha teu mopohokeun karuhunna, najan ku deungeun loba nu teu diaku alatan kurangna bukti. Salam, Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna ----- Original Message ----- From: Roza Rahmadjasa Mintaredja To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, November 11, 2008 8:36 PM Subject: Re: [kisunda] What is a NAME... Kean santang leres, saur saha beurat Gan Iman....lan baraya sadaya.... eta carita ngudag2 bapana,, tos sumebar, komo di pakidulan... sanes percaya atw hanteuna uin mah... mung kunaon eta dongeng fitnah mani jadi dongeng sapopoe di wilayah eta teh? leres pisan Sri Mangana Pangeran Cakrabuana alias ki Cakrabumi,aliasSamadullah, alias H.Abdullah Iman, alias Embah Kuwu Sangkan, alias WalangSungsang teh pendiri Nagaragheng/ agung Islam Pakungwati di Cirebon, rakana Nyi Larasantang. Saparantos embah Kuwu nyepeng kl 30 taun di Pakung wati, dipasrahkeun ka suwanna Syarif Hidayat, saterasna SH kaluarti 'Commonwealth Pajajaran' terus gabung sareng armada Rd Patah cs.ti Demak neraskeun perjuangan da'wah Islam, gabung sareng Banten, terakhir srg Maulana Yusuf kggo NYERBU ka PAJAJARAN, anu harita dicepeng ku RagaMulya, PAJAJARAN DIBUMIHANGUSKEUN! --------cut- ------
