Deuh....eta mani ngagalindeng, hipu, lekoh, apuy, cikruh, nyari, 
cakial, jeung legit  ngadangu Bah Manar nyarios.....
Reumbeuy ku pulunganeun. Damang Bah?

Baktos,
Obay
~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~

--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kang Iman oge baraya sadaya,
> 
> Nya ieu anu didugikeun ku Kang Iman pisan anu jadi mataholangna. 
Lain
> soal agama, tapi soal kakawasaan anu jadi rebutan teh. Da lamun
> teges-teges soal agama mah, apan agama mah misina mawa karaharjaan,
> katengtreman. Lamun anu aya geus mawa atawa geus ngajamin
> katengtreman, anu anyar datang kudu jeung karaharjaan jeung
> katengtreman deui datangna. Harianeun ari  mawa leuwih raharja jeung
> leuwih tengtrem mah, eta mah tangtu leuwih hade. Lamun teu bisa 
sarupa
> kitu, minimal ngajaga jeung nyalindungan karaharjaan jeung
> katengtreman anu aya, tetela di jerona aya anu lepat, there is
> something wrong, minimal dina prosesna.
> 
> Thesis kaduana: nyebarkeun agama anu misina mawa karaharjaan jeung
> katengtreman dipahing pisan ku cara peperangan. Perang mah- ceuk 
dina
> sumber aslina oge - kuduna keur ngabela diri wae tina kadzoliman anu
> geus merlukeun peperangan (anu diheulakeun, tetep, kudu jalan
> katengtreman alias sawala). Paningal si kuring mah - tina sababaraha
> buku sajarah - harita anu jadi raja geus bisa mere lolongkrang jeung
> mere panyalindungan kana satiap ageman anu ebrehanana ayem tengtrem.
> Anu ti heula, anu  anyar jeung anu karek jol kabeh dibere tempat, 
asal
> maslahat keur sakabeh umat. Malah perjanjian jeung bangsa anu dicap
> salaku "bangsa kafir" oge harita disorang teh dina raraga pikeun 
nyiar
> katengtreman jeung karaharjaan ka masyarakat.
> 
> Thesis anu katiluna: agama anu dipake keur ngalegaan kakawasaan
(agama
> anu ditunggangan tea) geus "dicontoan" (geus aya preseden) ti beh
> dituna keneh, ti jaman agama - Islam dina lebah dieu - karek orok
> beureum keneh. Pola-pola hayang ngarebut kakawasaan mah malah geus
> mucunghul ti karek Al Islam dina jero kandungan keneh. Malah nya ieu
> pisan anu jadi sumber jeung panumbu pagetrengan teh: 
merangan "kafir"
> (anu terang-terangan nolak jeung merangan jalan katengtreman) 
ditumbu
> ku merangan kadzholiman ("baju" mah geus sarua, sawarna, sangaran,
> ngan paripolah teu beda: nyebarkeun kadzoliman). Boa-boa,  "agama" 
anu
> ditunggangan oge malikan lalakon preseden salah anu ti heula?
> 
> Tapi, sajarah geus liwat, lalakon geus moal bisa dibalikan deui. Anu
> kari, nya kajembaran urang sarerea dina enggoning ngajaga 
katengtreman
> jeung karaharjaan - nepi ka siga kumaha wae rupana - anu kacangking
> ayeuna. Malah, lamun bisa mah ngaronjatkeun eta katengtreman jeung
> karaharjaan dina kaayaan plural atawa warni-warni.
> 
> Hampura si kuring wani ngotretkeun hal ieu lain pedah ngarasa nyaho,
> oge henteu nuduh ka hiji dua diri salaku anu salah. Henteu, teu
> pisan-pisan sarupa kitu. Sabab, satiap tindakan tangtu aya 
alesanana.
> Ari alesan tangtu dumasar kana informasi (pangaweruh). Informasi 
loba
> ditangtukeun ku bagean luar (external factor), sedengkeun niat murni
> kaluar ti bagean jero (ti diri sorangan). Tah, kumaha gambaran
> pasuliwerna informasi jaman harita, si kuring kacida tunana, alias 
teu
> apal nanaon. Komo kana niat mah, saha anu apal hate jelema, moal aya
> anu terang. Ku kituna, ngababaran jejer anu diposting ku kang Iman 
ieu
> taya lian ti seja neangan hiji diskusi anu sehat, anu henteu 
emosional
> ngeunaan kaayaan runtagna karajaan Pajajaran jeung sumebarna Islam 
ka
> Jawa Barat, khususna, ngaliwatan atawa saba'da runtagna Pajajaran
> atawa sabudeureun waktu eta.
> 
> Cag heula (bari ngarahuh beurat).
> 
> manar
> 
> 
> On Tue, Nov 11, 2008 at 6:40 PM, Kang Iman
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > garis badagnya, nu ku kuring nyaho mah sami sareng bah Oca
> >
> > tapi kuring rek nambahan oge soal sajarahna nu kuring nyaho
> > Banten teh mangrupakeun daerah bawahan Pajajaran satingkat jeung 
Cirebon
> > lamun di cirebon dipingpin ku Kean Santang (lanceuk tere 
Surawisesa)
> > lamun banten dipingpin ku Surasowan, adi kandung Surawisesa
> > Anak Kean Santang (Pakungwati) dikawin ku Syarif Hidayatullah
> > Anak surasowan (Kawunganten) oge kitu
> > Syarif boga anak ti Banten ngarana pangeran Maulana Hasanudin
> > Hasanuddin boga anak ngarana Maulana Yusuf
> > Hiji waktu Nilakendra (incu Surawisesa) perang jeung Hasanuddin
> > Nilakendra eleh terus "terusir" dari istana
> > "alah prangrang, maka tan nitih ring kadatwan" (carita 
Parahyangan)
> > Anak Nilakendra nyaeta Nusya Mulya cicingna di Pulasari (Banten) 
lain di
> > Pakuan
> > tapi harita pasukan Banten can bisa asup ka istana Pakuan
> > Kulantaran ngarasa Nilakendra geus eleh
> > jeung deuih manehna mah turunan "asli" Jaya Dewata/Pamanah Rasa
> > (Jaya Dewata - Surasowan - Kawung Anten - Hasanuddin - Yusuf)
> > ngarasa boga hak atas tahta Pajajaran
> > nu matak Pakuan dirurug terus "Palangka Sriman Kancana" dibawa ka 
Banten
> > harita basa Pakuan di bumi hangus ... geus euweuh Prabu Siliwangi 
didinya
> > dina carita "Dewi Asri";
> > Pakuan terakhir (waktu dirurug) dipingpin ku Dewi Asri
> > nyaeta "Saudara sepupu" ti Nusya Mulya
> > aya geuningan dangding na dina papatet keur ngeling-ngeling dewi 
asri
> > Dewi Asri tanding leuwih, baraja inten gumilang
> > puputon sekar kadaton, pamidangan pajajaran
> > panyileukan sadayana .. turunan gunung gumuruh geuning ...
> > raratan salaka domas
> > Jadi nurutkeun kuring mah lamun nilik carita
> > segmen ancurna Pakuan teh pedah parebut tahta
> > da ari soal agama mah ...
> > nurutkeun Tome Pires ge .. geus loba Islam di Pakuan
> > komo deui cenah di daerah Cimanuk
> > cag heula ...
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke