cing baraya bejaan uing. sugan aya datana, ari istilah sundaland,
sunda gede, jeung sunda menel teh ti mimiti iraha nya dikenal
istilahna.

kitu deui, istilah jawa, sumatra, borneo, ti iraha mimiti dipake istilahna.

salam,
mh

On Fri, Nov 14, 2008 at 10:45 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> leres aya jeda ti taun 1522 ka 1596 sagenerasi tanapi dua generasi, tapi da
> sanes hatosna pelayaran eropa-asteng kosong margi portugis teh masih terus
> aya di philipin, maluku, timor leste hartosna teu pegat tah informasi
> tentang sundaland teh. anu rada aneh naha harita langkung rame jalur
> malak-laut cina selatan-philipin-maluku tibata
> malaka-jawa-kalimantan-makasar-maluku/timor?
>
> tapi leres oge walanda mah lebetna ka banten heula, manawi harita tos nagdeg
> karajaan banten anu nota bene entitasna jawareh tea.
>
>
> wassalam
> dudi_ss
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Kang Iman
> To: [email protected]
> Sent: Friday, November 14, 2008 3:16 PM
> Subject: Re: [kisunda] Re: [HISTORIA-INDONESIA] Info Ttg Festival Tugu
>
> baheula mah da memang kitu Kang Dud
>
> Peta pelayaran teh hiji hal anu rahasia pisan
> nepi ka ahli-ahli peta teh mangrupakeun ahli nu pangmahalna
> (geura dina web van Keulen)
> Jadi mungkin bae Walanda mah teu apaleun
> pan datangna saanggeusna Pajajaran runtag
> jeung deuih cenah ... catetan soal Sunda loba anu ti kelebuk di laut
> waktu kapal si "de Sa" diserang badai
>
>
> On Thu, Nov 13, 2008 at 7:45 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Tah ieu tugu anu monumental teh, Sunda dikenal ku urang eropah teh leuwih
>> awal tibatan karajaan mana bae diwewengkon nusantara ayeuna jeung netelakeun
>> yen dina taun 1522 Karajaan Sunda masih berdaulat henteu kajajah ku Majapait
>> atawa karajaan sejena, jadi amukti palapa geem teu nepi/teu kajadian nepika
>> mangsa eta. Merdeka!
>>
>> Kadieunakeun walanda datang, tangtuna leuwih wawuh jeung ngaran sunda
>> tibatan jawa, jadi lamun aya anggapan urang sunda salaku urang jawa
>> pengunungan, tangtuna urang walanda anu teu maca sajarah pelayaran dunia,
>> piraku urang walanda anu kasebut pelaut teu boga peta dunia anu
>> jelas-jelasnyebutkeun ayana sundaland.
>>
>> wassalam,
>> dudi_ss
>>
>> .
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke