Hatur nuhun kanggo pedaranana, eyang rahyangkujang. Namung, upami merhatoskeun naskah Bujangga Manik, Panggeran Jaya Pakuan ti kadaton Pajajaran ngagem agama Hindu.
Tiasa janten, waktos jaman Karajaan Sunda, urang sunda tos multi agama, aya nu Hindu, aya nu ngagem kapercantenan asli, aya nu ngagem agama Budha. Duka tah agama naon anu mayoritas waktos harita. Salam baktos, Aschev Schuraschev ________________________________ From: rahyangkujang <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, November 14, 2008 3:04:19 PM Subject: Re: [kisunda] Re: [HISTORIA-INDONESIA] Info Ttg Festival Tugu Tabe Pun Sampurasun, ngiring mairan... 1. panginten palih dieu, tos ti kapungurna ku kajembaran luluhur Sunda, pinter ngadumaniskeun antawis Ageman Hindu sareng Ageman Sunda atanapi lugasna mah antawis Kitab Weda sareng Sanghyang Siksa. mung kumargi nu nganalisisna urang Hindu atanapi umumna nyoko tina perspektif "agama-agama nu ilahar populer" disebat weh atanapi dicap weh Karajaan Sunda harita agamana Hindu. padahal apanan tos jelas dina Siksa Kanda Ng Karesian aya seratan perkawis Dasa Parabakti... .yen "...Dewa bakti ka Hyang". Ari Dewa mah tingkatan Supranatural Kultus tertinggi dina Agama Hindu ari Hyang mah di Agama Sunda. janten jelas, karuhun urang Sunda atanapi Karajaan Sunda/Pajajaran harita sanes ngagem agama Hindu. 2. Tiasa janten kapungkur mah teu patos ngamasalahkeun Nami Agama siga jaman kiwari. hartosna Karajaan Pajajaran bade disebat ngagem Hindu atanapi naon, eta mah terserah kumaha anu menilaina. sapertos dina mangsa kiwari, dulur urang ti Kanekes, bade disebat Baduy oge oadahal cenah eta teh asal tina nami suku Badwi anu jahiliyah di Arab, tapi ku aranjeuna mah kalem weh..teu gareuwah ribut. benten sareng ayeuna. misalna punten : diantara golongan kagamaan nu genep "cenah resmi" apanan masih aya nu pada-pada ngamusanifkeun atanapi ngalain-lainkeun, komo ka antar agama nu beda. Padahal saur "harewos ti alam Gaib ti Prabu Lingga Bwuana" nu katampi ku "salah sawios wargi ti Bogor (informasi ti kuncen Astana Gede Kawali), bade agama itu ieu oge da asalna mah Satunggalan atanapi SAASAL. janten urang salaku umat anu berbeda AGAMA atanapi AGEMAN atanapi KAPERCAYAAN teu kedah silih lepat keun, komo silih rojok-silih tonjok-silih polotot mah. Tapi kedah ALAKUR atanapi kedah AKUR SABABATUR, ti kawitan AKUR JEUNG AWAK SAKUJUR-AKUR JEUNG NU SAKASUR-AKUR EJUNG SASUMUR-AKUR JEUNG SALEMBUR- AKUR JEUNG BATUR-BATUR SANAJAN TEU SADULUR TEU SALULUHUR ( SAALAM DUNYA). HAyu atuh urang kawitan ti ayeuna..... Cag. RAmpes. RKK ________________________________ Recent Activity * 7 New MembersVisit Your Group Y! Messenger Quick file sharing Send up to 1GB of files in an IM. New business? Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Best of Y! Groups Discover groups that are the best of their class. .
