Tabe Pun Sampurasun, ngiring mairan...
1. panginten palih dieu, tos ti kapungurna ku kajembaran luluhur Sunda, pinter ngadumaniskeun antawis Ageman Hindu sareng Ageman Sunda atanapi lugasna mah antawis Kitab Weda sareng Sanghyang Siksa. mung kumargi nu nganalisisna urang Hindu atanapi umumna nyoko tina perspektif "agama-agama nu ilahar populer" disebat weh atanapi dicap weh Karajaan Sunda harita agamana Hindu. padahal apanan tos jelas dina Siksa Kanda Ng Karesian aya seratan perkawis Dasa Parabakti....yen "...Dewa bakti ka Hyang". Ari Dewa mah tingkatan Supranatural Kultus tertinggi dina Agama Hindu ari Hyang mah di Agama Sunda. janten jelas, karuhun urang Sunda atanapi Karajaan Sunda/Pajajaran harita sanes ngagem agama Hindu. 2. Tiasa janten kapungkur mah teu patos ngamasalahkeun Nami Agama siga jaman kiwari. hartosna Karajaan Pajajaran bade disebat ngagem Hindu atanapi naon, eta mah terserah kumaha anu menilaina. sapertos dina mangsa kiwari, dulur urang ti Kanekes, bade disebat Baduy oge oadahal cenah eta teh asal tina nami suku Badwi anu jahiliyah di Arab, tapi ku aranjeuna mah kalem weh..teu gareuwah ribut. benten sareng ayeuna. misalna punten : diantara golongan kagamaan nu genep "cenah resmi" apanan masih aya nu pada-pada ngamusanifkeun atanapi ngalain-lainkeun, komo ka antar agama nu beda. Padahal saur "harewos ti alam Gaib ti Prabu Lingga Bwuana" nu katampi ku "salah sawios wargi ti Bogor (informasi ti kuncen Astana Gede Kawali), bade agama itu ieu oge da asalna mah Satunggalan atanapi SAASAL. janten urang salaku umat anu berbeda AGAMA atanapi AGEMAN atanapi KAPERCAYAAN teu kedah silih lepat keun, komo silih rojok-silih tonjok-silih polotot mah. Tapi kedah ALAKUR atanapi kedah AKUR SABABATUR, ti kawitan AKUR JEUNG AWAK SAKUJUR-AKUR JEUNG NU SAKASUR-AKUR EJUNG SASUMUR-AKUR JEUNG SALEMBUR- AKUR JEUNG BATUR-BATUR SANAJAN TEU SADULUR TEU SALULUHUR ( SAALAM DUNYA). HAyu atuh urang kawitan ti ayeuna..... Cag. RAmpes. RKK ________________________________ From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, November 14, 2008 2:16:16 PM Subject: Re: [kisunda] Re: [HISTORIA-INDONESIA] Info Ttg Festival Tugu baheula mah da memang kitu Kang Dud Peta pelayaran teh hiji hal anu rahasia pisan nepi ka ahli-ahli peta teh mangrupakeun ahli nu pangmahalna (geura dina web van Keulen) Jadi mungkin bae Walanda mah teu apaleun pan datangna saanggeusna Pajajaran runtag jeung deuih cenah ... catetan soal Sunda loba anu ti kelebuk di laut waktu kapal si "de Sa" diserang badai On Thu, Nov 13, 2008 at 7:45 PM, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Tah ieu tugu anu monumental teh, Sunda dikenal ku urang eropah teh leuwih awal tibatan karajaan mana bae diwewengkon nusantara ayeuna jeung netelakeun yen dina taun 1522 Karajaan Sunda masih berdaulat henteu kajajah ku Majapait atawa karajaan sejena, jadi amukti palapa geem teu nepi/teu kajadian nepika mangsa eta. Merdeka! Kadieunakeun walanda datang, tangtuna leuwih wawuh jeung ngaran sunda tibatan jawa, jadi lamun aya anggapan urang sunda salaku urang jawa pengunungan, tangtuna urang walanda anu teu maca sajarah pelayaran dunia, piraku urang walanda anu kasebut pelaut teu boga peta dunia anu jelas-jelasnyebutke un ayana sundaland. wassalam, dudi_ss ..
