Kang Oca, kaci nya kuring ngabantah...

*Teu sapamadegan jeung umur/wanci  ditiupkeun ruh na versi Islam nu geus
lumaku?
Sok sanajan teu bisa di 'ilmiah'keun, di 'soheh'keun ieu 'Rasa PHM di Sir
na, na?
Tapi keur sadirieun mah asa klop tah, jeung analisa uin....yen,
anu ngaran sperma jeung indung telur teh, pinasti boga ruh awal
ti ewe salakina sewang2an, da moal mungkin ngojay atuh sakadang sperma teh,
mun teu nyawaan mah. .................
*
*Jung lungsung ka bangbarung, budi lesu tulang sandi, ngalayeus dina
tawuran, samar raosna jeung pusing, sagala samar nya daya, katitisan ku
rohani.
*
Lebah *katitisan ku rohani*, nu kabaca ku kuring mah eta geus liwat ti
mangsa kakara ngahijina sperma kana ovum. Si Ambuna ge pan geus lungsur ka
bangbarung, keur meujeuhna karasa kakandungan, sagala lieur sagala karasa,
dina mangsa sabaraha bulan tah biasana? Mun teu salah mah geus itungan
bulan... Mun diadukeun jeung masa ditiupkeunana roh kana janin numutkeun
Islam, nya meureun kurang leuwihna mah cocog.

Ngeunaan sperma nu ngojay, tong boro sperma atuh, dalah unggal sel anu aya
dina awak urang ge boga nyawa sewang-sewangan, nepi ka mangsana paeh
kumaneh.*

*Hirup biologis - hirup rohani, meureun aya bedana...

On Wed, Nov 19, 2008 at 1:20 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja wrote:

>    1. Jung indung turun, keur aing umur sapeuting,
>     ngahutangkeun panyiraman, lemah lesu nya jasmani,
>     bral siram ngajanabatan, di Cikajang tempat tiris.
>
> 2. Jung lungsur ka bangbarung, budi lesu tulang sandi,
>     ngalayeus dina tawuran, samar raosna jeung pusing,
>     sagala samar nya daya, katitisan ku rohani.
>
> 3. Jung ngalantung semu nguyung, budi beda ti sasari,
>     horengan keur kaseundeuhan, titipan aing ngajadi,
>     ngaliwat ti ruhiatna, mimiti tepaan lahir.
>
>

>  Uin, boga analisa yen,  PHM ngebrehkeun Rasa Sunda,
> Ruh Sukma Sunda, Palsapah Sunda;  Talari paranti Sunda
> dina prosesi sapopoe, ti mimiti kakandungan, nk gubrag ka alam dunya, '
> jarian'....?(pad. 5).
> saterusna  'dikidungan saban mandi', beu ambeuuuu....!
> tah, kidung teh tetenggerna ayat-ayat Sunda,( ceuk basa uin mah uyut-uyut
> Sunda)
> make 'cangkang Islam' anu sakitu endah ngolaborasikeunana.
> Cobi, eta kecap ngajanabatan, ngebrehkeun yen sapatemon anu 'sukses'
> dina harti yutaan sperma, anu hasil ngan hiji, panggih jeung indung telur.
> 'Meledak'na hasil sapatemon ieu, digambarkeun ku PHM.
> dina kaayaan budi lesu tulang sandi; 'ngalantung semu nguyung' jst na.
> Tapi anu rek uin high light sabenerna proses ngajadi anu ku uin di bold,
> Keur aing umur sapeuting,
> katitisan ku roh ani,
> keur kaseundeuhan, titipan aing ngajadi,
> ti ruh iatna,
> mimiti tepaan lahir.
> Ieu meunang hasil ti mana?
> Teu sapamadegan jeung umur/wanci  ditiupkeun ruh na versi Islam nu geus
> lumaku?
> Sok sanajan teu bisa di 'ilmiah'keun, di 'soheh'keun ieu 'Rasa PHM di Sir
> na, na?
> Tapi keur sadirieun mah asa klop tah, jeung analisa uin....yen,
> anu ngaran sperma jeung indung telur teh, pinasti boga ruh awal
> ti ewe salakina sewang2an, da moal mungkin ngojay atuh sakadang sperma
> teh,
> mun teu nyawaan mah. .................argumentasi kahiji.
> eta yutaan sperma  'rebutan' hayang ka aku, kumaha we jiga nu parebut
> kabogoh...
> di alam urang, anu kawin ..nya eeeeta jodona....!
> naaaah, dina proses 'kawin'na sperma jg indung telur eta,
> aya tumbukan besar 'big bang'na johar awal.....anu mangaruhan
> ka raga-rasa na  indung, (aos pad hiji jg dua)....argumentasi kadua.
> kaseundeuhan tea, tumbukan ieu anu ngajadikeunanana
> keur aing umur sapeuting tea, jstna anu dibold ku uin..
> taaaah, Roh-ani jeung Ruh-iatna , anggeus ditiupkeun!...
> di poe eta....wiwit aing ngajadi....
> cag!
> lamun ceuk basa dokter kandungan mah, ibu positip, sudah dua bulan
> atuh uin proootes ka dokter, ....
> pa dokter, sumpah! Dua bl yl.saya belum bersebadan?
> kok disebut dua bulan??? memangna uin persekot ti heula?
> ini kan bisa jadi fitnah, pa dokter? kenapa
> dokter ngan sa-ukur nyerengeh...
> iyyyyaaaa, bukan kesana maksudnya pa Oca,
> tapi da geus kitu aturan ti kadokteran mah nyebutna kitu...
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke