kang Rayi OCA anu bageur tur kasep (cnah bejana)
punten nya sanes mapagahan ngojay ka meri
punten teh teu pisan2

ceuk abdi usul abah Hasan teh sae
abdi ge sapagodos.... 
brol beh naskah eta heula digebrokeun
ulah disartaan komentar, keun be komentarmah para dulur di dieu anu 
menyimak...ngarah objektip kitu Kang Rayi

Tah geuning, sajero-jero ing lumaka tur lumaku
di dunya, dimana2 di ageman naon bae (agama teh = bila seseorang telah menganut 
keyakinan tertentu apapun bentuk dan alirannya; jadi agama adalah istilah yang 
diterapkan kepada penganut > a gama > dari akar kata Sanskerta "gam" artinya 
sedang berjalan, sedang dituju; sedag dilakonan; a = aposisi = yang : jadi 
agama adalah yang sedang berjalan, yang sedang dituju, yang sedang dilakokan; 
agama berada pada naungan tataran yang induk arau sistem yakni RELIGI)nu utama 
mah INDUNG, sanes mung hartosna Indung dikieuna bae tapi INDUNG teh nu 
ngalahirkeun nu dipercanten ku SANG PENCIPTA nitipkeun pikeun nu jadi kalifah 
di buana. Pon kitu teu aneh teu nyalahan sagala nu ngajadikeun hirup nu asal nu 
karawitan nu mere kahirupan ka mahluk di buana teh sok disimbolkan INDUNG 
(Mother Goddes). Pemahaman simbol yang sangat universal di seluruh belahan 
bumi..... Mother of fertility..., 

Tabe pun
AMBU





________________________________
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, November 19, 2008 1:20:51 PM
Subject: [kisunda] Re: PHH MUSTAPA...ngeunaan WIWIT AING?


pun sapun,  ka pun dulur, lan baraya sadaya...
uin nyutat ieu dangding PHH Mustapa,anu judulna:
"Gendingan Dangding SUNDA BIRAHI katut Wirahma na."
salinan tina tapak lacakna BAGAWAN SIR NA DI RASA.
dikaluarkeun ku Yayasan Kujang, Bandung 1972.
............ ......... ......... ......... ......... ......... ......... 
......... ......... ......... .
kaca 59, Jung Indung Turun, Kinanti..... ......... ......... ......... ......

1. Jung indung turun,keur aing umur sapeuting,
    ngahutangkeun panyiraman, lemah lesu nya jasmani,
    bral siram ngajanabatan, di Cikajang tempat tiris.

2. Jung lungsur ka bangbarung, budi lesu tulang sandi,
    ngalayeus dina tawuran, samar raosna jeung pusing,
    sagala samar nya daya, katitisan ku rohani.

3. Jung ngalantung semu nguyung, budi beda ti sasari,
    horengankeur kaseundeuhan,titipan aing ngajadi,
    ngaliwat ti ruhiatna, mimiti tepaan lahir.

4. Bitu ka bapa ka indung, tepi aing ngalahir,
    dibahan keur puasa,bibit pusakaning diri,
    papaes dikahajatan, pangapit pamagersari.

5. Gubrag dijurung ku indung, disanggap nini paraji,
    gumelar kana jarian, bet diteukteuk ari-ari,
    ditampa nini maranak, pangatik anyar dilahir.

6. Masih imut ngagelenyu, aing tacan di nu lahir,
    disambat diparancahan, rempan katarajang sawan,
    di kidungan saban mandi.

7. Turun ge indung ku kidung, pamake nini paraji,
    dikukusan diburuan, bisi kasikut kagaris,
    karempan ku sandekala, tacan ku nu lahir lahir.

8. Aing putra nu katilu, cikalna maremeh istri,
    wapat keur senserang soca, nu cikalna istri lami,
    Udjang Hoesen anu kadua, wapat sedengna birahi.

9. Beurat nyuhun beurat nanggung, ragrag ka aing pribadi,
    pangabot ti indung bapa, jadi teresna ning galih,
    wantu putra susuganan, teu cara nu tadi tadi........ .......
............ ......... ......... ......... ......... ......... ......... 
......... ......... ......... ......... ......... .
resensi uin......... ..,
ieu dangding wirahma kinanti sakabehna aya  147 padalisan.
ku uin di cutat sabagian, ngan nepi ka salapan..... ...
carita wiwit diri, saha aing, palsapah Sunda ,kumaha naek haji,
aji wiwit dk iraha aing mulang ?     dijentrekeun sacerewelena 
loba kekecapan Gusti tibatan Alloh.
Uin, boga analisa yen,  PHM ngebrehkeunRasa Sunda,
Ruh Sukma Sunda,Palsapah Sunda;  Talari paranti Sunda 
dina prosesi sapopoe, ti mimiti kakandungan, nk gubrag ka alam dunya, 
'jarian'....?(pad. 5).
saterusna  'dikidungan saban mandi', beu ambeuuuu.... !
tah, kidung teh tetenggerna ayat-ayat Sunda,( ceuk basa uin mah uyut-uyut Sunda)
make 'cangkang Islam' anu sakitu endah ngolaborasikeunana.
Cobi, eta kecap ngajanabatan, ngebrehkeun yen sapatemon anu 'sukses'
dina harti yutaan sperma, anu hasil ngan hiji, panggih jeung indung telur.
'Meledak'na hasil sapatemon ieu, digambarkeun ku PHM.
dina kaayaan budi lesu tulang sandi; 'ngalantung semu nguyung' jst na.
Tapi anu rek uin high light sabenerna proses ngajadi anu ku uin di bold,
Keur aing umur sapeuting, 
katitisan ku roh ani, 
keur kaseundeuhan, titipan aing ngajadi,
ti ruh iatna, 
mimiti tepaan lahir.
Ieu meunang hasil ti mana?
Teu sapamadegan jeung umur/wanci  ditiupkeun ruh na versi Islam nu geus lumaku? 
Sok sanajan teu bisa di 'ilmiah'keun, di 'soheh'keun ieu 'Rasa PHM di Sir na, 
na? 
Tapi keur sadirieun mah asa klop tah, jeung analisa uin....yen,
anu ngaran sperma jeung indung telur teh, pinasti bogaruh awal 
ti ewe salakina sewang2an, da moal mungkinngojay atuh sakadang sperma teh,
mun teu nyawaan mah. ............ .....argumentasi kahiji.
eta yutaan sperma  'rebutan' hayang ka aku, kumaha we jiga nu parebut kabogoh...
di alam urang, anu kawin ..nya eeeeta jodona....!
naaaah, dina proses 'kawin'na sperma jg indung telur eta,
aya tumbukan besar 'big bang'najohar awal.....anu mangaruhan
ka raga-rasa na  indung, (aos pad hiji jg dua)....argumentasi kadua.
kaseundeuhan tea, tumbukan ieu anu ngajadikeunanana
keur aing umur sapeuting tea, jstna anu dibold ku uin..
taaaah, Roh-ani jeung Ruh-iatna , anggeus ditiupkeun!. ..
di poe eta....wiwit aing ngajadi....
cag!
lamun ceuk basa dokter kandungan mah, ibu positip, sudah dua bulan
atuh uin proootes ka dokter, ....
pa dokter, sumpah! Dua bl yl.saya belum bersebadan?
kok disebut dua bulan??? memangna uin persekot ti heula?
ini kan bisa jadi fitnah, pa dokter? kenapa
dokter ngan sa-ukur nyerengeh...
iyyyyaaaa, bukan kesana maksudnya pa Oca,
tapi da geus kitu aturan ti kadokteran mah nyebutna kitu...
he33x!
...oca tea...




--- On Tue, 11/18/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL 
PROTECTED] com> wrote:

From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, November 18, 2008, 8:23 PM


atuh nya bebas2 wae panginten cumarios didieu mah pan aya nu nalingakeun ... 
Abah Kuncen... 

da ti mimiti gen kieu... campuh tapi puguh teu jajadi musuh kana pupusuh... 
aman2 dan damai saja kok

kita memang harus bisa membiasakan diri dengan lingkungan kok,... namanya juga 
bergaul dan  bukan orang lain yang harus membiasakan diri kepada diri kita.... 
 
AMBU




________________________________
From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, November 19, 2008 10:47:22 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)


AA: punten ka sadayana. Sim Kuring sok rada lieur ningal postingan; ari 
cariosan duka naon ari judul Ma EROT. Asa tebiiih teh.
Kumaha tah, upami nyeat judulna digentos nu lauyu kituh ti na judul sareng 
eusina.
Guka kumaha tah jalanna; ti masalh Ma Erot jadi lumpat ka masalah Thailand ?

--- On Wed, 11/19/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, November 19, 2008, 2:42 AM


sainget baheula basa kawenehan nyimpang ka hatyay, pasar tradisionalna
mirip we jiga di bandung. pasar kaki-lima oge teu beda jauh. ngan eta
barangna, kasohor barang tiruanana, utamana barang-barang nu merek
sohor.

ngan eta we, hese neangan warung kejo nu aman. padahal di lemburna
mahatir mah, pasakan siam teh kasohor oge. jigana mah tukang dagangna
asalna ti siam kidul, nu loba muslimna. jeung asa jadi jelema buta
hurup ulin ka siam mah. sapanjang jalan ngaran tempat ditulis make
aksara 'rok-rak', teu kaharti.

salam,
mh

On Wed, Nov 19, 2008 at 10:29 AM, Aschev Schuraschev
<[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Perkawis pasar tradisional vs pasar moderenna, duh hanjakal pisan kang ku
> margi waktosna samporet abdi teu kantos ngimeutan pasar tradisionalna. Anu
> diperhatoskeun teh mung sakadar anu kalangkung ku abdi, sapertos nami
> jalan/tempat anu mirip kecap-kecap sansakerta (contona: rachatewi tina
> rajadewi, ayutaya tina Ayudia, suwarnabum tina suwarnabumi) sareng oge ayana
> sababaraha mushola ukuran ageung di bandara suwarnabum anu didongkapan ku
> musafir anu saromeah (ngajak sasalaman sareng ngobrol).
>
> Sugan dikersakeun jaga tiasa mios deui ka Thailand, bade ngimeutan pasar
> tradisional sareng pasar moderenna.
>
> Salam baktos,
> Aschev Schuraschev
>
>
> ____________ _________ _________ __
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Tuesday, November 18, 2008 8:26:48 AM
> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>
> Kang Aschev, hatur nuhun pisan laporanana,
>
> Utamana anu nomer 2, panuju pisan. Kajeun "pamali" dihirupkeun deui,
> kajeun dipoyokan atawa dituduh musyrik ari aya gunana pikeun balarea
> mah, miara walungan ku cara mihormat (sakapeung sok aya anu nyebut
> salaku "nyembah") ku cara sarupa di Thailand, mun perlu, laksanakeun
> wae. Geus kabuktian, undang-undang jeung peraturan teu jugala pikeun
> miara walungan (gunung, leuweung jeung nu lianna salaku sumber
> kahirupan sarerea). "Agama" anu gancang ngamusyrikkeun tindakan nu
> lian oge can atawa teu sanggup ngurus alam jeung lingkungan sakumaha
> mistinai. Sugan, ku cara dipamalikeun deui (ngaruksak walungan) atawa
> dihormat deui eta walungan ku cara adat, kabiruyungan masyarakat Sunda
> manggihan deui mangsa subur ma'mur loh jinawi, gemah ripah, repeh
> rapih.
>
> Sugan aya dongeng sejenna ti Thailand, Kang? Ceuk beja tadi peuting
> dina TV, masyarakat Thailand sukses oge ngarevitalisasi pasar
> tradisional nepi ka bisa nangtung sajajar jeung pasar moderen. Kumaha
> tah paningal salira kaayaan pasar-pasar di Thailand, khususna pasar
> tradisional vs pasar moderen? Ari kaayaan pasar tradisional di urang
> mah wuwuh matak pikahariwangeun. Kakuatan modal jeung gaya hirup anu
> ditawarkeun ku pasar modern di urang gancang atawa lalaunan geus
> ngageser buadaya hade masyarakat urang dina ngalaksanakeun jual beuli
> (transaksi), jembarna nyumponan pangabutuh hirup sapopoe.
>
> manar
>
> On Mon, Nov 17, 2008 at 5:15 PM, Aschev Schuraschev
> <aschevetea@ yahoo. com> wrote:
>> Kahaturkeun ieu aya sakedik gambar oleh-oleh ti Chiang Mai, Thailand
>> Kaler:
>>
>> 1. Candi tina bata beureum
>>
>>
>> 2. Wahangan anu dipiara ku masarakatna supados tetep bersih. Pangaos kamar
>> hotel anu nyangharup wahangan langkung awis batan kamar sanesna. Tiap taun
>> masarakat Thailand ngalakonan upacara yi peng (basa Thailand Kaler)
>> atanapi
>> kratong (basa Thailand Tengah) kanggo ngahormat dewi walungan anu tos
>> masihan kasuburan kana tatanen (campuran Animisme, Hindu areng Budha).
>>
>>
>> Salam baktos,
>> Aschev Schuraschev
>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Sent: Friday, November 14, 2008 12:07:51 AM
>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>
>> geuuunin Kaseeeep teh nuju di CiangMay???
>> mani teu ajak2 yeuh....
>> ulah hilap oleh2na...foto2na, ... sareng dodol cina
>> CI-NA...cikahuripan ,citanduy, ciliwung ,cibadak, ciawi jrrd.
>> CAI-NA(ceuk basa I'ris), ceuk US nya puuuguh ari CAI mah,
>> carilah elmu nepi ka nagri CAI-NA...heu,
>> ARI CANDI2 CINA TINA TANEUH BEUREUM, seueur kitu?
>> kedahna di urg seuer meureun nya? SANES CANDI JIWA WKL,
>> pan caket sareng PABRIKNA, candi PALERED...
>> tukang/ahlina gerabah snes? kampung gerabah-di CIrebon, PANJUNAN
>> he33x!
>> ...oca tea...
>> didieu mah internet haratis snes? eh di tirt maksadna...
>> --- On Wed, 11/12/08, Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> wrote:
>>
>> From: Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com>
>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Date: Wednesday, November 12, 2008, 8:02 PM
>>
>> Kang Ocha, leres saur kang Oman, ieu mah mung heureuy.
>>
>> Abdi nuju di Chinag Mai, sesah pisan kenging akses kana internet. Sesah ku
>> awisna, he he. Nembe tiasa noongan milis kisunda ayeuna.
>>
>> Di dieu seueur candi batu beureum (beuleum taneuh liket keramik) sisi
>> wahangan. Di urang mah upami teu lepat mung candi Batujaya, Karawang,
>> hungkul nu diwangun ku batu beureum (taneuh beuleum / keramik) teh.
>>
>> Salam baktos,
>> Aschev Schuraschev
>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Sent: Thursday, November 13, 2008 8:33:25 AM
>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>
>> Paripolah anu etis oge asalna ti Sunda kang Oca, nyaeta ti ceu eti s
>> hehehe. Baraya, heureuy wae ieu mah, meh teu karereng teuing.
>>
>> manar
>>
>> On Tue, Nov 11, 2008 at 8:44 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
>> <roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
>>> Kaaaaseeeeeeepppp. eta mani calakan kitu....
>>> pokona mah, ari kuSunda mah, sagalana kaboker ......
>>> jadi EROTIS teh, geuning elmu Suuuunda nya?
>>> Sunda....Sundais. ..
>>> Arab....
>>> he33x!
>>> ...oca tea....
>>>
>>> --- On Sun, 11/9/08, Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com> wrote:
>>>
>>> From: Aschev Schuraschev <aschevetea@ yahoo. com>
>>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>>> Date: Sunday, November 9, 2008, 10:02 PM
>>>
>>> Sukarno --> Sukarnois
>>> Suharto --> Suhartois
>>> Moal kitu: Erot --> Erotis??? He he he
>>>
>>>
>>> ____________ _________ _________ __
>>> From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED] com>
>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>>> Sent: Sunday, November 9, 2008 8:54:19 AM
>>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>>
>>> Sampurasun Ambu.....sim kuring teh dulur Abah Anom Ocaa,
>>> Da pun adi mah kitu sok luar leor wae,
>>> mugi kamaklum.... .
>>> Bawiraos upami ditilik tina elmu pangaweruh kaum Ibu...
>>> tos buktos...RRRRUUUUAA RRRR BIASAAA....
>>> ti kawit ngarit dugi ka ngadamel parit,
>>> ti ngajait dugi ka ngurus si kucrit,
>>> ti kawit rurujit dugi ka ngurus duit....
>>> tah ieu mah lankung.....
>>> Ma Erot mah ti kawit milarian eusi peujit dugi ka ngagedean...
>>> SIR...AAHHHH
>>> (..IITT)!
>>> Tabe...pun
>>> AMS
>>>
>>> --- On Sun, 11/9/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakus u
>>> [EMAIL PROTECTED]
>>> com> wrote:
>>>
>>> From: richadiana kartakusuma <richadianakartakus u [EMAIL PROTECTED] com>
>>> Subject: Re: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>> To: [EMAIL PROTECTED] ...com
>>> Date: Sunday, November 9, 2008, 8:42 AM
>>>
>>> yyeeeeeeeeeeehhhhhh gamparan ABAH
>>> mulang deui mulang deui kanu kieu atuh
>>> na teu aya kitu nu sanes
>>> apan di dieu teh sanes mung LALAKI LANGIT hungkul atuh
>>> cing sing gaduh rasa ngahargaan nu disebat AWEWE
>>> di dieu tah EGOIS na pameget teh...
>>> sok kitu bae, tara ningal batur sagigireun
>>>
>>> Tabe pun
>>> AMBU
>>> ____________ _________ _________ __
>>> From: abas_amin08 <abas_amin08@ yahoo.com>
>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>>> Sent: Sunday, November 9, 2008 6:59:39 AM
>>> Subject: [kisunda] Re: MA ÉROT...(???)
>>>
>>> AA: Ieu mah upami teu lepat, den Oca.
>>> Aya dua jalmi nu kasohor teh; hiji Ma Eroh ka dua Ma Erot.
>>> Ari Ma eroh mah nu digawe nepi ka cai ngagolontor, sedengkeun ari ma
>>> Erot mah tukang NGURUT TAEUN ( punten bilih keuna ku UU pornografy );
>>> dugi ka jalma aeh lalaki nu tos diurut di dinya pulih ka jati mulang
>>> ka asal deui; asal sehat jadi walagri. Jadi Lalaki langit deui; duka
>>>
>>> ari perkawis DICOBI heula mah tah jeung Ma Erot.. Hahahaha
>>> Nu matak cenah mah waringkas we tah ma Erot teh.
>>>
>>> Den Oca nu mana atuh ? Ma Eroh atanapi Ma Erot Den ?
>>>
>>> --- In [EMAIL PROTECTED] ...com, Roza Rahmadjasa Mintaredja
>>> <roza.kalasunda@ ....> wrote:
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> --- On Fri, 11/7/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja
>>> <roza.kalasunda@ ...> wrote:
>>>> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ ...>
>>>> Subject: Re: [kisunda] MA ÉROH
>>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>>>> Date: Friday, November 7, 2008, 6:58 PM
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> kg Bunis anu bageuuurrrr. ..(ngolo ni yeee......)
>>>> sae eta sajak ma eroh teh...
>>>> mani ngagelenyu dina qolbu...
>>>> hiji awewe....bisa ngageunjleungkeun nasional....
>>>> dina ka ikhlasan anu sajati....
>>>> dina kayakinan lan ka teu walakayaan teu walagri...
>>>> mampuh ngahirupan ratusan jelema ti hasil karyana...
>>>> anu mimiti dianggap gelo teh.....ku sakampung... .
>>>> jigana kudu gelo jg mahiwal heula mun rek nyieun ...
>>>> karya monumental bisa kawangun,
>>>> teu jadi katangtuan kudu make milyaran duit...
>>>> kiiitu kulan?
>>>> ciiik tulungan kg Bunis...
>>>> pangnyieunkeun sajak...
>>>> keur MA EROT........ ( ? ??)
>>>>
>>>> he33x!
>>>> .....oca tea...
>>>>
>>>>
>>>> --- On Fri, 11/7/08, Sarabunis Mubarok <sarabunis2008@ ...> wrote:
>>>> From: Sarabunis Mubarok
>>>> <sarabunis2008@ ...>
>>>> Subject: [kisunda] MA ÉROH
>>>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>>>> Date: Friday, November 7, 2008, 12:37 AM
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Sarabunis Mubarok
>>>>
>>>> MA ÉROH
>>>>
>>>> pacul jeung balincong
>>>> ngoetan
>>>> gawir
>>>> kaléreun galunggung
>>>>
>>>> awéwé tengah tuwuh
>>>> manteng
>>>> ibadah
>>>> na cadas-cadas kanyaah
>>>>
>>>> cucuk rungkang melak tatu
>>>> tepus
>>>> jeung areuy silih siku
>>>> angin sawarga ngahayu-hayu
>>>>
>>>> hiji walungan di bumi
>>>> malidkeun
>>>> késang ka langit
>>>> meruhkeun saban kasakit
>>>>
>>>> salambar nyawa basajan
>>>> jadi
>>>> huluwotan kaikhlasan
>>>> sungapan nasib kamanusan
>>>>
>>>> manghéktar sawah
>>>> guligah
>>>> nuwuhkeun mangpirang binih
>>>> lebah haté nu pinuh kaasih
>>>>
>>>> ma éroh
>>>> anjeun pajoang
>>>> sajati
>>>> waliyullah kakasih bumi
>>>>
>>>> Singaparna, 2008
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Salam,
>>>> Sarabunis
>>>> Mubarok_____ ______ Singaparna
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>>
>>
>
> 
 

  
    


      

Kirim email ke