Hatur nuhun kasadaya kadang warga kiSUNDA anu tos ragot ngawangkong masalah kayakinan, agama, filsafat, sareng seueur deui. Bingah geuning urang Sunda teh palinter.... Anu teu acan patos seueur teh anu BIJAK..sapertos Bapa Gandjar Kurnia. Upami ditengetkeun eta teh silib kango anu nuju pabentar faham.... barangna sarua, namina benten, dibulak balik asal usulna jadi teu...nyambung... he, he.. Ngabahas Duren sareng Kadu, Domba sareng Embe, dugi ka paslia pisan tina UKAS kana KASEP ngalangkungan SAKU....hebat tah pelajaran bujangga nu kitu teh.... (Nuhun Pa Gandjar kana pangrojongna ka Akang manawi kauntun tipung katambang beas, batu turun keusik naek, punten atuh pang iber keun ka rakana....kapan sobat sanes, neda ridhona...eh ieu mah pesan sponsor ..ah).
--- On Thu, 11/20/08, Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang To: [email protected] Date: Thursday, November 20, 2008, 12:46 PM Ass Wr Wb punten ulah ngobrol kayakinan antar nu benten kayakinan geura, ngarah teu pasea wae. ngobrol nu umum wae, uing islam, ceuk uing pang benerna, terserah nu beda ngarasa pangyakina eta mah hak masing2. nu ngagem sunda wiwitan, hindu, budha, kristen nya terserah da kayakinanana. kang abbas, urang ngobrol islam mah sareng nu islam deui sapertos uing, janten nyambung. Nuhun Wassalam Wr Wb
