addduuuh biuuung, AbhSph.....guru uin .....nuhun... diemutan... eta bijak na ki dulur, muga di ganjar ku karuniaan..... siga anu heureuy, padahal eta esensina...jerooooo tah
uin kamari wengi nembe ngimpleng... ari GK rupina pemerhati/ngaos/noong diskusi urg2? ngan bati kaget, hil teu walahir ujug2 nyelapkeun heureuy ! emut pun uwa(alm), janten dubes dimana-mana, kantos komentar... Oca, maneh dianggap bisa menguasai hiji basa, mun geus nepi ka joke/heureuyna... sabab heureuy teh tingkat diplomasi anu tinggi.... moal keuna sacara nyentug, tapi pikiraneun.... matakna mun nyambung pasti waleranana ku heureuy deui.... (uin ngimeutan lami,naoooon maksudna heureuy GK teh, nembe ngiring mairan....) anu ahirna mah...salaman weh,... Damai di bumi (mun kunu ngalarti mah!)..................................... siga pasukan Siliwangi anu ka mancanagara ditarima dimana-mana, eta ku loba someah jeung heureuyna, ngan babarakatan weh cenah, uin ngadangu ti urg Aceh sorangan nuju ka Meulaboh. mani kayungyun jeung asa leungiteun cenah si bp Lurah Meulaboh teh... .. emut ka si Kabayan, siga anu pamalesan, (tp beuteung seubeuh). nuju ngalampahan langit, sihoreng... el da deet, (deetna langit), dina carita ngala tutut..da ari tututna mah teu kacaritakeun deui tah..... mun di batur nya siga Abu Nawas....penasehat raja. conto intelektual anu laluhung eta teh... di carita pantun, pan si mamang Lengser tea... jadi konsultan anu weruh sadurung winarah, kumplit jeung cawokahna...supaya hanteu tegang teuing.., dina ngababarkeun papasten, ngababarkeun palsapah, ngababarkeun ilapat, keur prak lakulampah raja sapopoena... panuju... hayu atuuuuuuh.... ! duren jeung kadu....eta keneh, barangna urg SAKUan ku DIRI masing2, su'al ageman mah.... dina PESAK masing2 da aranjeun teh, KASEP , (omat ulah GUMASEP) da sarua barangna, sorana angger embeeeee...... hanteu perlu nembongkeun deui kalimah2 uyut ti kabuyutan.... hanteu perlu nembongkeun ayat-ayat....kitab2 upama madungdengkeun masalah2 'gawe kamanusaan',.... ku rasa 'asih' na diri, urg silh asah jeung silih asuh...cukup kumaha PRAKna . sangkan rahardja, waluya, rahayu... sarua rek ngadegkeun Merah Putih supaya Abadi lin? sarua rempug jukung keur ngadegkeun umbul2 ka Bangsaan...Indonesia...! siga mun keur nyieun gapura 17'an, pan gotong royong tah... dari Sabang hingga ke Merauke!!! Merdeka Bangsana, Merdeka Pikiranana Merdeka dina ngagem Agemanana masing-masing. cag! he33x! ....oca tea.... --- On Wed, 11/19/08, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang To: [email protected] Date: Wednesday, November 19, 2008, 10:41 PM Hatur nuhun kasadaya kadang warga kiSUNDA anu tos ragot ngawangkong masalah kayakinan, agama, filsafat, sareng seueur deui. Bingah geuning urang Sunda teh palinter.... Anu teu acan patos seueur teh anu BIJAK..sapertos Bapa Gandjar Kurnia. Upami ditengetkeun eta teh silib kango anu nuju pabentar faham.... barangna sarua, namina benten, dibulak balik asal usulna jadi teu....nyambung... he, he.. Ngabahas Duren sareng Kadu, Domba sareng Embe, dugi ka paslia pisan tina UKAS kana KASEP ngalangkungan SAKU....hebat tah pelajaran bujangga nu kitu teh.... (Nuhun Pa Gandjar kana pangrojongna ka Akang manawi kauntun tipung katambang beas, batu turun keusik naek, punten atuh pang iber keun ka rakana....kapan sobat sanes, neda ridhona...eh ieu mah pesan sponsor ..ah). --- On Thu, 11/20/08, Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang To: [email protected] Date: Thursday, November 20, 2008, 12:46 PM Ass Wr Wb punten ulah ngobrol kayakinan antar nu benten kayakinan geura, ngarah teu pasea wae. ngobrol nu umum wae, uing islam, ceuk uing pang benerna, terserah nu beda ngarasa pangyakina eta mah hak masing2. nu ngagem sunda wiwitan, hindu, budha, kristen nya terserah da kayakinanana. kang abbas, urang ngobrol islam mah sareng nu islam deui sapertos uing, janten nyambung. Nuhun Wassalam Wr Wb
