kitu pisan kahayang diri oge
kitu pisan
silih haregaan 
boh kayakinan 
boh pamadegan 

na da tadina ge kitu
naon nu matak janten ngebul
teras katingal lamat2 bet hurung
tangtos sadayana ge uninga 
da aya kasangtukangna

ayeuna tos panceg titik
teu kalis ku nyiliwuri
sanes maksad ngoreh cucuk
tatapi bet aya selap gajih 
nu ngajadikeun malagina

hapunten ka sadayana
samudaya kalepatan

tabe pun
AMBU









________________________________
From: Halimun An <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, November 20, 2008 5:02:58 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang, di PAUSE BAE?


sae, sae kulan, meni bingah sareng reueus maosna oge, mugi we janten pelajaran 
utamina 
ka diri pribados kumaha carana sangkan urang sadaya tiasa sareng ngalengkah 
wios benten oge. 
Ari urang pasea wae mah kalah digumujengkeun ku batur, pami urang ngahijimah nu 
sok 
ngagumujengkeun urangna oge sieuneun. 
Mangga urang pauntuy2 deui panangan kulan, bade nu pendek, bade nu jangkung, 
bade nu gendut bade nu begang, bade nu hideung bade nu bodas, bade nu sakola 
luhur
bade nu sakola handap. Pan urang teh tandana sami, nyaeta sami-sami tiasa 
nyarios basa sunda.
Hapunten nun ka sadayana sim kuring mah ngan ukur hoyong urang2 alakur

 



________________________________
 From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, November 20, 2008 3:25:35 PM
Subject: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang, di PAUSE BAE?


addduuuh biuuung,  AbhSph.....guru uin .....nuhun.. . diemutan...
eta bijak na ki dulur, muga di ganjar ku karuniaan... ..
siga anu heureuy, padahal eta esensina...jerooooo tah

uin kamari wengi nembe ngimpleng...
ari GK rupina pemerhati/ngaos/ noong diskusi urg2?
ngan bati kaget, hil teu walahir ujug2nyelapkeun heureuy !
emut pun uwa(alm), janten dubes dimana-mana, kantos komentar...
Oca, maneh dianggap bisa menguasai hiji basa, mun geus nepi ka joke/heureuyna...
sabab heureuy teh tingkat diplomasi anu tinggi....
moal keuna sacara nyentug, tapi pikiraneun.. ..
matakna mun nyambung pasti waleranana ku heureuy deui....
(uin ngimeutan lami,naoooon maksudna heureuy GK teh, nembe ngiring mairan...)
anu ahirna mah...salaman weh,... Damai di bumi
(mun kunu ngalarti mah!)....... ......... ......... ......... ...

siga pasukan Siliwangi anu ka mancanagara
ditarima dimana-mana, eta ku loba someah jeung heureuyna, 
ngan babarakatan weh cenah, uin ngadangu ti urg Aceh sorangan nuju ka Meulaboh.
mani kayungyun jeung asa leungiteun cenah si bp Lurah Meulaboh teh...
.
emut ka si Kabayan, siga anu pamalesan, (tp beuteung seubeuh).
nuju ngalampahan langit, sihoreng... el da deet, (deetna langit), 
dina carita ngala tutut..da ari tututna mah teu kacaritakeun deui tah.....
mun di batur nya  siga Abu Nawas....penasehat raja.
conto intelektual anu laluhung eta teh...
di carita pantun, pan si mamang Lengser tea...
jadi konsultan anu weruh sadurung winarah,
kumplit jeung cawokahna... supaya hanteu tegang teuing..,
dina ngababarkeun papasten, ngababarkeun palsapah,
ngababarkeun ilapat, keur prak lakulampah raja sapopoena...

panuju... hayu atuuuuuuh... . !
duren jeung kadu....eta keneh, barangna
urg SAKUan ku DIRI masing2, su'al ageman mah....
dina PESAK masing2 da aranjeun teh, KASEP , (omat ulah  GUMASEP)
da sarua barangna, sorana angger embeeeee......

hanteu perlu nembongkeun deui kalimah2 uyut ti kabuyutan... .
hanteu perlu nembongkeun ayat-ayat... .kitab2
upama madungdengkeun masalah2 'gawe kamanusaan', ....
ku rasa 'asih' na diri, urg silh asah jeung silih asuh...cukup 

kumaha PRAKna . sangkan rahardja, waluya, rahayu...
sarua rek ngadegkeun Merah Putih supaya Abadi lin?
sarua rempug jukung keur ngadegkeun umbul2 ka Bangsaan...Indonesi a...!
siga mun keur nyieun gapura 17'an, pan gotong royong tah...
dari Sabang hingga ke Merauke!!!
Merdeka Bangsana, Merdeka Pikiranana
Merdeka dina ngagem Agemanana masing-masing.
cag!
he33x!
...oca tea....







--- On Wed, 11/19/08, Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Abah Abdurrohman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Wednesday, November 19, 2008, 10:41 PM


Hatur nuhun kasadaya kadang warga kiSUNDA anu tos ragot ngawangkong masalah 
kayakinan, agama, filsafat, sareng seueur deui. Bingah geuning urang Sunda teh 
palinter.... Anu teu acan patos seueur teh anu BIJAK..sapertos Bapa Gandjar 
Kurnia. Upami ditengetkeun eta teh silib kango anu nuju pabentar faham.... 
barangna sarua, namina benten, dibulak balik asal usulna jadi teu...nyambung. 
.. he, he..
Ngabahas Duren sareng Kadu, Domba sareng Embe, dugi ka paslia pisan tina UKAS 
kana KASEP ngalangkungan SAKU....hebat tah pelajaran bujangga nu kitu teh....
(Nuhun Pa Gandjar kana pangrojongna ka Akang manawi kauntun tipung katambang 
beas, batu turun keusik naek, punten atuh pang iber keun ka rakana....kapan 
sobat sanes, neda ridhona...eh ieu mah pesan sponsor ..ah).

--- On Thu, 11/20/08, Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Kurdi Leman <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [kisunda] Re: diskusi islam jeung urang
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Thursday, November 20, 2008, 12:46 PM


Ass Wr Wb
punten ulah ngobrol kayakinan antar nu benten kayakinan geura, ngarah teu pasea 
wae.
ngobrol nu umum wae, uing islam, ceuk uing pang benerna, terserah nu beda 
ngarasa pangyakina eta mah hak masing2. nu ngagem sunda wiwitan, hindu, budha, 
kristen nya terserah da kayakinanana. kang abbas, urang ngobrol islam mah 
sareng nu islam deui sapertos uing, janten nyambung. 
Nuhun
Wassalam Wr Wb 
 
 

    


      

Kirim email ke