Naon atuh kujang teh? Eta kapanasan kuring. Dina naskah Bujangga Manik mah
Menak Sunda di Pakuan Pajajaran ge make keris, samasakali teu nyabit-nyabit
kujang. Ahad dua minggu kamari kuring ka Museum Daerah DKI, manggihan koleksi
kujang. Gening kujang teh mata tumbak. Moal kitu kujang dimodifikasi jadi
sanjata nu pamakeanna jiga peso atawa sabalikna tina peso dimodifikasi jadi
kujang. Kuring masih poekkeun.
Kujang geus dijadikeun lambang sawatara kota di Provinsi Jabar, kaasup Kota
Depok. Malah di Kota Depok mah Kujang teh dijadikeun panyoko gapura "Selamat
Datang di Kota Depok" anu ayeuna keur dibongkar kasabet ku proyek pelebaran
jalan. Aya ku hanjakal ieu lambang teh katutup ku reklame-reklame anu
ngajareblag galalede.
kujangtumbak.jpg
kujang depok.jpg