Kang Aschev,
Info ti salira ieu kacida gede ajenna. Sabab, dumasar carita lisan,
aya kakocapkeun yen kujang teh sarupa pangajen ti pimpinan
pamarentahan (raja) alam harita ka rahayatna anu geus nyieun jasa. Nya
lamun jaman ayeuna mah sarupa jeung hadiah kalapataru atawa upakarti.
Kusabab kitu, munasabah, lamun mibanda kujang teh, harita, jadi hiji
kareueus. Anu kaduana, munasabah lamun di tingkat pimpinan harita,
para raja, pakarang lambang kaagungan raja teh lain kujang (sabab
kujang mah keur rahayat anu nyieu jasa tea), balikta (melainkan)
keris. Implikasina, keris teh asalna ti Sunda keneh, atawa, minimal,
keris oge gelar dina budaya Sunda. Hal ieu anu perlu terus
ditalungtik.
Ngeunaan rupa-rupa bangun kujang atawa keris, eta mah asana gumantung
tingkat kamoderenan (baca: jaman) wae. Lamun jaman beh ditu keneh,
tangtu wangun keris teh masih basajan. Sabalikna, lamun geus rada beh
dieu, wangun keris eta geus leuwih mirupa keris jaman ayeuna. Contona,
jaman Jayaprakosa (Ciung Wanara atawa Manarah), tangtu keris teh masih
sederhana (lempeng tea siga tumbak. Tapi, jaman Jayaprakosa (adipati
Pajajaran, ceuk beja, tunggal puterana keneh Sri Baduga ti Prameswari
kahiji, Nyi Ambet Kasih tea), wangun keris geus moderen. Sigana kujang
oge moal pati beda. Rubuh-robahna wangunna teh ngindung ka jaman.
Cag.
manar
On Sun, Nov 23, 2008 at 11:43 PM, Aschev Schuraschev
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Naon atuh kujang teh? Eta kapanasan kuring. Dina naskah Bujangga Manik mah
> Menak Sunda di Pakuan Pajajaran ge make keris, samasakali teu nyabit-nyabit
> kujang. Ahad dua minggu kamari kuring ka Museum Daerah DKI, manggihan
> koleksi kujang. Gening kujang teh mata tumbak. Moal kitu kujang dimodifikasi
> jadi sanjata nu pamakeanna jiga peso atawa sabalikna tina peso dimodifikasi
> jadi kujang. Kuring masih poekkeun.
>
> Kujang geus dijadikeun lambang sawatara kota di Provinsi Jabar, kaasup Kota
> Depok. Malah di Kota Depok mah Kujang teh dijadikeun panyoko gapura "Selamat
> Datang di Kota Depok" anu ayeuna keur dibongkar kasabet ku proyek pelebaran
> jalan. Aya ku hanjakal ieu lambang teh katutup ku reklame-reklame anu
> ngajareblag galalede.
>
> kujangtumbak.jpg
>
> kujang depok.jpg
>
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/