Mangga atuh Kang Asep ngamumule keris tangguh Galuh, Pajajaran, Cirebon. Dina Ensiklopedi Keris eta tilu tangguh keris ngaleungit di tatar sunda saprak peristiwa Bubat, aya unsur pulitik ngahaja supaya urang sunda leungiteun cecekelan, pangawasa. Lumayan jaman mataram bupati2 priangan masih meunang nyekel keris, tapi tangguh mataram, lambang taklulan mataram/sultan agung. Pami ningal di Kasepuhan, Kanoman kujang mah dipasang dina galah jadi sajajar jeung tumbak, hartosna kujang sanes cecekelan raja, pamingpin. Urang sae ngamumule kujang, simbol masyarakat sunda agraris, tapi mopohokeun komo jadi "terasing" kana keris sunda eta ngarusak mental urang sunda kahareup saolah-olah urang sunda teu boga jiwa raja, pamingpin. Tradisi keris tradisi pamingpin/raja nusantara ti Melayu, Bugis, Bali, komo Jawa mah. Urang sunda ulah nganiaya diri sorangan mopohokeun keris sunda! ~ JP ~
________________________________ From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, November 24, 2008 0:04:53 Subject: Re: [kisunda] Kujang - tes gambar (mecenghul/henteu) Caang ayeuna abdi teh mah ambu. ________________________________ From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Monday, November 24, 2008 2:48:16 PM Subject: Re: [kisunda] Kujang - tes gambar (mecenghul/henteu) ikon SUNDA sebagai masyarakat AGRARIS (peladang) = ngahuma dan tiap2 etnis dengan budaya agraris...memiliki ikon2 tersendiri sesuai karakter kebudayaan dimana mereka disituasikan. karena SUNDA egaliter maka ikon diangkat dari adat dan tradisi rakyat artinya pihk pimpinan (kerajaan) ngareungeu rakyatna ngalindungan adat istiadat rakyatna; berbeda dengan ikon keris itu mah khusus ikon kekuatan lingga (adeg raja) dan rahayat yang harus mengikutinya. ... Tabe pun AMBU ________________________________ From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Monday, November 24, 2008 2:43:24 PM Subject: [kisunda] Kujang - tes gambar (mecenghul/henteu) Naon atuh kujang teh? Eta kapanasan kuring. Dina naskah Bujangga Manik mah Menak Sunda di Pakuan Pajajaran ge make keris, samasakali teu nyabit-nyabit kujang. Ahad dua minggu kamari kuring ka Museum Daerah DKI, manggihan koleksi kujang. Gening kujang teh mata tumbak. Moal kitu kujang dimodifikasi jadi sanjata nu pamakeanna jiga peso atawa sabalikna tina peso dimodifikasi jadi kujang. Kuring masih poekkeun. Kujang geus dijadikeun lambang sawatara kota di Provinsi Jabar, kaasup Kota Depok. Malah di Kota Depok mah Kujang teh dijadikeun panyoko gapura "Selamat Datang di Kota Depok" anu ayeuna keur dibongkar kasabet ku proyek pelebaran jalan. Aya ku hanjakal ieu lambang teh katutup ku reklame-reklame anu ngajareblag galalede. kujangtumbak. jpg kujang depok.jpg Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
