Ulah kena2 nyekel Agama Islam, terus bakal dianp mun salah !
Malah sabalikna mun nyaho kana urusan batal haram, tapi ngalakukeun
paharaman, tangtu hukumanana leuwih beuat.
 
Kapan Islam cenah ? Bakal disalametkeun. Lain kitu atuh kateranganana ;
Islam teh jalan pikeun satiap jelema nuju kasalamtan. Tah atuh tangtu eta
satiap jalma teh kudu ngalakukeun anu salaras jeung ngaran eta ngaranna,
mun henteu, nya moal salamet tea. Lain kena2 geus nyekel Agama Islam,
terus we PASTI salamet. Lain kitu !
Saha wae anu nyekel Agama Islam, bari jeung ngajalankeun sagala parentah
jeung ngajauhan sagala nu dilarang Ku MantenNa (Taqwa); maka eta jalma, sacara
teoritis bakal salamet.
 
Naha make disebut teoritis ? Lantaran ari bathin mah moal katenjo ku urang. 
Anging Gusti Nu Murbeng Alam nu Uninga. Jadi ari akhirna mah nya Gumantung
ka Gusti Nu Murbeng Alam keneh; naha jalma teh salmet atawa cilaka.
Lantaran Anjeunna Maha Adil.
 
Seueur bukti kaadilan th; tong boro di Akherat, dalah di dunya ge loba nu di
bruk brak keun.
 
Contoh : Golongan Muawwiyah. Kapan sakitu kawasana sanggeusna ngelehkeun 
Ali bin Abi Thalib ! Tapi akhirna ancur ku Wangsa Abbasiyyah. Tah nu ieu ge
meureun loba hahareman jste; maka Gusti nurunkeun "Kadilanana" ; Hulagu
urang Mongol teu hir teu walahir di na Islam; ngancurkeun Abbasiyyah nu takabur.
Akhirna sabagian gede ti eta Bangsa Mongol assimilasi jadi Islam, nepi ka lahir
bangsa Turki.
 
Ku sabab kitu mangkahade, beuki urang Islam, kudu beuki ati ati; lain gaya 
ah engke ge asup surga !
 
Mangkahade ulah salah kaprah dina sebutan: Urang Islam kabehanan asup SURGA !
 
Eta bener pisan ! Haqqul yakin !
 
Tapi aya prtanyaan deui : Nu kumaha cenah nu disebut Islam teh ?!
Jawabna : Eta nu DIANGKEN ku Gusti Robbul 'Alamiin.
Ari jelema ngaku Islam wungkl mah, bari teu prak migawena can tangtu ditarima
sabage JELEMA ISLAM !
 
Nu matak aya o'a : Emh Gusti, mudah2an abdi ditampi Iman Islam abdi !
 
Tah pan, hese rek diaku Islam ku Gusti Nu Murbeng Alam teh; lain Islam KTP;
atawa aku2 angga wungkul.
 
Kitu tah, mangga mudah2an aya mangpaatna.
 
Abbas Amin
   


      

Kirim email ke