Bah AA, abdi tos ka Turkey , urang Turkey teh alimeun / cadu nganggo "bahasa arab". Dina sajarah abad 11 bangsa Turkey paling hebat taktik perangna di pikasieun ku nagara2 eropa. Taktik pasukan berkuda Turkey di eta jaman Bizantin pusat kotana, lamun ayeunamah tankwaja, alus ngaberesan ngagempur musuhna. Lamun ningali di museum deukeut selat bosporus alat2 perang tina peso , tameng , baju beusi, kopeah beusi, nepi ka pedang mani pabalatak. Sayamah kagum ku ningali istana Turkey nu pang megahna sa dunya da atos ningali sababaraha istana nu jadi museum ka asup Russia, eropa barat tos di aprak ku simkuring. Nu disimpulkeun ku kuring bangsa arab teh resep kakuasaan nu di "back up" atas nama alloh jeung mawa kur'an, sarua jeung bangsa kulit putih nu maha injil atas nama jesus jeung simbul salib. Di eta jaman dua bangsa arab2 jeung kulit putih tos puluhan tahun perang x 33, perang jeung silih peuncit ngalirkeun geutih di taneuh ( ieu lain model agama). Loba carita arab nu nafsu kakawasaanana nepi ka israel makana aya mesjid al aqsa di eta tempat tapi tetep eta tempat nu dianggap suci ku yahudi,kristen, islam ratusan ribu nepi ka juta jelema pararaeh ngocorkeun geutih ieu kajadian kirang langkung abad 11 oge. Nepi ka ayeun eta bangsa masih perang contona di Libanon, israel, can ka asup irak , afganistan masih silih bedil. Kuring ngobrol jeung urang Libanon nu kristen make bahasa arab nu lekoh leuwih nyaho islamna tibatan kristena ceunah. Kuring nanya kunaon bangsa kamu yg beragama resep perang atas nama tuhan merangan nu musrik? Jawabna sangat sederhana bukan karena alloh/jesus/agama tapi "rakus kekuasaan " Lamun ayeunamah organisasi "hamas" or "al qaida" tapi eta oge agama di bawa-bawa wae........................lieur ngabandungan agama dipake ku politik, ekonomi, kakawasaan.
Nyanggakeun. Mugi Gusti ngabelegedeg ngabadega Jadi Ratu Adil di tatar Sunda,oge di nusantara. Kang Yana ________________________________ From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, November 26, 2008 9:53:09 PM Subject: Re: [kisunda] Gusti Anu Maha Adil > From: Abbas Amin > Contoh : Golongan Muawwiyah. Kapan sakitu kawasana sanggeusna ngelehkeun > Ali bin Abi Thalib ! Tapi akhirna ancur ku Wangsa Abbasiyyah. Tah nu ieu > ge > meureun loba hahareman jste; maka Gusti nurunkeun "Kadilanana" ; Hulagu > urang Mongol teu hir teu walahir di na Islam; ngancurkeun Abbasiyyah nu > takabur. > Akhirna sabagian gede ti eta Bangsa Mongol assimilasi jadi Islam, nepi ka > lahir > bangsa Turki. Satuju Bah, ngan kuring mere catetan kana analogi Bah AA, sabab logika karajaan runtag kulantaran "dikutuk" Tuhan, bisa "menyesatkan" . Aya nagara-nagara nu langgeng tepi ka ayeuna, siga Inggris atawa Jepang. Para Raja/ Ratu/ Kaisar nu ayeuna ngadeg, masih katurunan raja-raja "jaman purba" (sarebu taun katukang). Pan upami nganggo logika Bah AA mah, hartosna Karajaan Inggris sareng Jepang teh ........hehehe mangga teraskeun ku nyalira. Ari ceuk kuring mah nagara-nagara jaman baheula (boh Islam, boh nu sanes) akhirna runtag sabab beuki kawasa hiji dinasti nu mimitina mah dinamis, beuki statis/ stagnan jeung otoriter, embung nyieun torobosan hal-hal nu anyar. Akibatna ku tumuwuhna jaman geus teu bisa miluan deui, runtag weh. Ieu beda jeung Inggris atawa Jepang. Karajaan Inggris bisa langgeng tepi ka ayeuna, sabab dinamis. Magna Charta nu ngabatesan hak-hak raja (pangawasa) dijieun di abad ka 12, padahal di tempat sejen, jaman harita para raja teh pangawasa totaliter, malah sok dianggap ngawakilan Tuhan di Dunya!. Jepang oge sarua, terus-terusan ngarobah "dirina", terbuka kanu hal-hal tiluar ....... Kaleresan kuring gaduh buku saku "Sejarah Islam", kenging Prof. K. Ali, didinya diterangkeun kunaon Dinasti Muawiyah jeung Abbasyiah akhirna runtag ....... Baktos, WALUYA
