> From: Abbas Amin
> Contoh : Golongan Muawwiyah. Kapan sakitu kawasana sanggeusna ngelehkeun
> Ali bin Abi Thalib ! Tapi akhirna ancur ku Wangsa Abbasiyyah. Tah nu ieu 
> ge
> meureun loba hahareman jste; maka Gusti nurunkeun "Kadilanana" ; Hulagu
> urang Mongol teu hir teu walahir di na Islam; ngancurkeun Abbasiyyah nu 
> takabur.
> Akhirna sabagian gede ti eta Bangsa Mongol assimilasi jadi Islam, nepi ka 
> lahir
> bangsa Turki.

Satuju Bah, ngan kuring mere catetan kana analogi Bah AA, sabab logika 
karajaan runtag  kulantaran "dikutuk" Tuhan, bisa "menyesatkan". Aya 
nagara-nagara nu langgeng tepi ka ayeuna, siga Inggris atawa Jepang. Para 
Raja/ Ratu/ Kaisar nu ayeuna ngadeg, masih katurunan raja-raja "jaman purba" 
(sarebu taun katukang). Pan upami nganggo logika Bah AA mah, hartosna 
Karajaan Inggris sareng Jepang teh ........hehehe mangga teraskeun ku 
nyalira.

Ari ceuk kuring mah nagara-nagara jaman baheula (boh Islam, boh nu sanes) 
akhirna runtag sabab beuki kawasa hiji dinasti nu mimitina mah dinamis, 
beuki statis/ stagnan jeung otoriter, embung nyieun torobosan hal-hal nu 
anyar. Akibatna ku tumuwuhna jaman geus teu bisa miluan deui, runtag weh. 
Ieu beda jeung Inggris atawa Jepang. Karajaan Inggris bisa langgeng tepi ka 
ayeuna, sabab dinamis. Magna Charta nu ngabatesan hak-hak raja (pangawasa) 
dijieun di abad ka 12, padahal di tempat sejen, jaman harita para raja teh 
pangawasa totaliter, malah sok dianggap ngawakilan Tuhan di Dunya!. Jepang 
oge sarua, terus-terusan ngarobah "dirina", terbuka kanu hal-hal tiluar 
.......

Kaleresan kuring gaduh buku saku "Sejarah Islam", kenging Prof. K. Ali, 
didinya diterangkeun kunaon Dinasti Muawiyah jeung Abbasyiah akhirna runtag 
.......


Baktos,
WALUYA


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke